Pindah kana eusi

Sarat Ngagunakeun

Sarat Ngagunakeun

Wilujeng Sumping!

Tujuan tina situs Internet ieu pikeun ngabantu Sadérék kenal ka Allah, Kitab Suci, jeung Saksi-Saksi Yéhuwa. Sadérék bisa maca, nongton, jeung nga-download bahan-bahan nu dipikaresep ku Sadérék. Urang hayang batur narima saloba-lobana mangpaat tina situs ieu. Tapi punten, eusina ulah di-upload deui ka situs Internet atawa aplikasi séjén. Sadérék bisa ngabagikeun mangpaat nu aya di situs ieu ku cara méré nyaho batur ngeunaan situs Internet ieu, sakumaha disebutkeun dina Sarat Ngagunakeun di handap.

 Hak Cipta

2024 Hak cipta dilindungi.

Situs Internét ieu diterbitkeun jeung diurus ku Watchtower Bible and Tract Society of New York, Inc. (”Watchtower”). Kajaba disebutkeun sumberna, kabéh cutatan jeung informasi dina situs Internet ieu téh hasil panalungtikan milik Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania (”Watch Tower”).

 Mérek Dagang

Adobe, logo Adobe, Acrobat, jeung logo Acrobat téh mérek dagang ti Adobe Systems Incorporated. iTunes jeung iPod téh mérek dagang ti Apple Inc. Microsoft, logo Microsoft, sarta software jeung produk tina Microsoft, kaasup Microsoft Office jeung Microsoft Office 365, mérek dagangna téh Microsoft Inc. Android téh mérek dagang Google LLC. Robot Android dijieun jeung dianyarkeun dumasar kana nu geus dijieun jeung dibagikeun ku Google jeung digunakeun luyu jeung Lisensi Atribusi Creative Commons 3.0 (https://creativecommons.org/licenses/by/3.0/us/). Kabéh mérek dagang jeung mérek-mérek nu geus didaptarkeun séjénna téh milik nu bogana masing-masing.

 Sarat Ngagunakeun jeung Izin Ngagunakeun Situs Internét

Sadérék perlu nuturkeun Sarat Ngagunakeun waktu maké situs ieu. Ku ngagunakeun situs ieu, Sadérék satuju kana sakabéh Sarat Ngagunakeun jeung Sarat Ngagunakeun Tambahan (nu duanana disebut ”Sarat Ngagunakeun”) nu aya dina situs ieu. Lamun Sadérék teu satuju kana Sarat Ngagunakeun atawa bagian mana waé tina Sarat Ngagunakeun ieu, Sadérék teu meunang ngagunakeun situs Internét ieu.

Naon waé nu meunang dilakukeun? Luyu jeung watesan-watesan di handap, Sadérék meunang:

  • Ningali, nga-download, jeung nyitak bahan-bahan nu hak ciptana milik Watch Tower, saperti gambar, publikasi élékronik, musik, foto, cutatan, atawa vidéo tina situs ieu, keur kapentingan pribadi atawa tujuan séjénna, salila éta teu dijualbeulikeun.

  • Ngabagikeun link atawa publikasi éléktronik, vidéo, atawa rekaman audio nu bisa di-download tina situs ieu.

Sadérék teu meunang:

  • Nga-upload gambar, publikasi éléktronik, mérek dagang, musik, foto, vidéo, atawa artikel tina situs ieu ka Internét (misalna situs séjénna, situs keur ngabagikeun file jeung vidéo, atawa ka sosial média).

  • Nyebarkeun gambar, publikasi éléktronik, mérek dagang, musik, foto, cutatan, atawa vidéo tina situs ieu ku ngagunakeun hiji software atawa jadi bagian ti software naon waé (kaasup nga-upload kontén ieu ka server nu digunakeun ku hiji software).

  • Nga-upload ulang, ngagandakeun, ngajiplak, nyebarluaskeun, atawa nyalahgunakeun gambar, publikasi éléktronik, mérek dagang, musik, foto, cutatan, atawa vidéo tina situs ieu pikeun tujuan komérsial atawa dijualbeulikeun (sanajan teu meunang bati).

  • Nyieun jeung nyebarkeun software, aplikasi, atawa téknik husus pikeun ngumpulkeun, ngajiplak, nga-download, nga-ekstrak, harvesting, atawa scraping data, HTML, gambar, atawa téks tina situs ieu. (Sadérék meunang ngabagikeun aplikasi haratis jeung non-komérsial pikeun nga-download file éléktronik siga EPUB, PDF, MP3, jeung MP4 tina situs ieu.)

  • Nyalahgunakeun situs ieu atawa layananna, misalna ngarobah atawa muka situs ieu atawa layananna make cara nu béda, nu teu disadiakeun.

  • Ngagunakeun situs ieu ku cara naon waé nu bisa nyababkeun situsna ruksak, atawa kaganggu, terus bisa nyababkeun situsna teu bisa diaksés; atawa ku cara naon waé nu bisa ngalanggar hukum, ilégal, curang, bahaya, atawa nu aya patalina jeung kagiatan atawa tujuan nu ngalanggar hukum, ilégal, curang, atawa bahaya.

  • Ngagunakeun situs ieu atawa gambar, publikasi éléktronik, mérek dagang, musik, foto, cutatan, atawa vidéo pikeun kagiatan naon waé nu aya pakaitna jeung iklan.

  • Situs Internet ieu ngagunakeun layanan Google Maps salaku pihak katilu, nu teu diawasan ku organisasi urang. Lamun Sadérék ngagunakeun layanan Google Maps dina situs ieu, Sadérék kudu nuturkeun Persyaratan Layanan Tambahan Google Maps/Google Earth nu panganyarna. Urang teu dibéré nyaho lamun aya update keur Persyaratan Layanan maranéhna. Jadi, mangga pariksa deui kabéh persyaratan maranéhna saacan ngagunakeun layanan Google Maps. Ulah ngagunakeun layanan Google Maps lamun Sadérék teu satuju kana Persyaratan Layanan maranéhna. Data pengguna nu diaksés ku Google Maps teu diinformasikeun ka situs Internét ieu.

 Bagian Médis

Bahan-bahan nu aya dina Bagian Médis di situs ieu téh tujuanana ngan méré informasi, lain méré naséhat médis atawa ngagantikeun naséhat, diagnosis, atawa parawatan médis profésional. Bagian Médis teu méré rékoméndasi atawa promosi tés, dokter, produk, prosédur, pandangan, atawa informasi naon waé nu disebutkeun dina Bagian Médis.

Lamun Sadérék boga pananya ngeunaan masalah atawa parawatan médis, Sadérék kudu konsultasi jeung dokter atawa nu nyadiakeun layanan kaséhatan.

Situs Internét ieu upaya pikeun mere informasi nu akurat jeung nu panganyarna dina Bagian Médis. Tapi, informasi nu Sadérék tarima tina bagian ieu sipatna ”saaya-ayana” jeung eweuh jaminan, boh ditulis boh henteu. Situs Internet ieu teu tanggung jawab kana informasi nu aya dina Bagian Médis. Situs ieu gé teu tanggung jawab kana kasalahan atawa kakurangan nu aya dina Bagian Medis. Sadérék sorangan nu tanggung jawab kana naon nu kaalaman ku Sadérék lamun Sadérék ngagunakeun informasi nu aya dina Bagian Médis. Situs ieu teu tanggung jawab lamun aya tungtutan hukum atawa karuksakan (kaasup, atawa leuwih ti hal-hal nu disebutkeun, kacilakaan, karuksakan nu disababkeun ku hiji tindakan, cedera/maot, karugian, atawa karuksakan nu dilantarankeun ku data nu teu lengkep atawa gangguan bisnis) nu dilantarankeun ku ngagunakeun Bagian Médis atawa teu mampu ngagunakeun Bagian Médis, teu sual tungtutan hukum atawa karuksakan éta aya dasar jaminan, perjangjian, palanggaran hak, atawa téori hukum naon waé, teu sual situs ieu dibéré nyaho yén bisa jadi bakal aya tungtunan hukum atawa karuksakan, atawa henteu.

 Batesan Jaminan jeung Kawajiban

Situs Internét ieu, ogé sakabéh informasi, bahan, jeung layanan séjénna, disadiakeun ku Watchtower ”sakumaha ayana”. Watchtower teu méré jaminan boh ditulis boh henteu.

Watchtower teu ngajamin lamun situs ieu bébas tina virus atawa program-progam séjén nu ngabahayakeun. Watchtower teu tanggung jawab kana sagala karugian nu dilantarankeun ku ngagunakeun informasi, bahan, atawa layanan séjénna nu disadiakeun ku situs Internét ieu, kaasup, tapi teu kawates kana, karugian langsung, teu langsung, teu kahaja, atawa karugian lantaran hukuman (kaasup kaleungitan kauntungan).

 Lamun Ngalanggar Sarat Ngagunakeun Ieu

Bari teu ngarobah hak-hak Watchtower séjénna dina Sarat Ngagunakeun ieu, lamun Sadérék ngalanggar Sarat Ngagunakeun ku cara naon waé, Watchtower meunang nyieun tindakan nu cocog jeung palanggaran éta, kaasup nyabut aksés Sadérék ka situs ieu, ngalarang Sadérék muka situs ieu, ngablokir komputer-komputer nu ngagunakeun alamat IP Sadérék supaya teu bisa muka situs ieu, méré nyaho nu nyadiakeun layanan Internét Sadérék supaya Sadérék teu bisa muka situs ieu deui, jeung/atawa nungtut Sadérék liwat jalur hukum.

 Parobahan

Watchtower bisa ngarobah Sarat Ngagunakeun ieu iraha waé. Sarat Ngagunakeun nu dirobah bakal langsung digunakeun dina tanggal nu aya dina dokumén Sarat Ngagunakeun nu geus dianyarkeun di situs Internét ieu. Mangga sing rutin mariksa kaca ieu, supaya Sadérék paham kana parobahan nu panganyarna.

 Hukum jeung Yurisdiksi

Sarat Ngagunakeun ieu diatur jeung dipikaharti luyu jeung hukum-hukum Negara Bagian New York, AS, bari teu ngalanggar hukum-hukum nu aya. Tindakan naon waé nu ngalanggar Sarat Ngagunakeun ieu bakal dibawa ka pengadilan negara bagian atawa pengadilan féderal nu boga yurisdiksi di Negara Bagian New York, AS.

 Katerpisahan

Lamun aya Sarat Ngagunakeun nu dianggap batal, teu cocog, teu bisa dijalankeun, atawa ilégal, ku pangadilan di yurisdiksi nu aya pakaitna, sarat-sarat séjénna bakal tetep dijalankeun. Lamun aya sarat-sarat mana waé dina Sarat Ngagunakeun ieu nu teu dijalankeun ku Watchtower, ieu lain hartina Watchtower teu ngagunakeun sarat éta atawa teu boga hak pikeun ngajalankeun sarat éta.

 Kabéh Persetujuan

Sarat Ngagunakeun ieu kaasup kabéh persetujuan Sadérék jeung Watchtower dina ngagunakeun situs ieu, jeung ngagantikeun kabéh persetujuan saacanna nu aya pakaitna jeung carana Sadérék ngagunakeun situs ieu.