Pindah kana eusi

BANTUAN KEUR KULAWARGA | CARANA NGADIDIK BUDAK

Ajar Budak Anjeun Supaya Bisa Nunjukkeun Rasa Sukur

Ajar Budak Anjeun Supaya Bisa Nunjukkeun Rasa Sukur

 Hasil panalitian nunjukkeun yén jalma-jalma nu boga rasa sukur téh leuwih bagja hirupna jeung leuwih séhat. Maranéhna gé leuwih teger dina nyanghareupan masalah sarta boga loba sobat. Saurang panaliti nu ngaranna Robert A. Emmons nyebutkeun yén rasa sukur ”bisa ngalindungan saurang jalma tina parasaan-parasaan négatif, saperti sirik, keuheul, sarakah, jeung sedih”. a

 Naon mangpaatna lamun barudak leutik boga rasa sukur? Dumasar kana hasil panalitian salila opat taun nu ngalibetkeun 700 budak ngora, barudak nu boga rasa sukur téh biasana tara nyonték, tara maké narkoba atawa alkohol, jeung teu bangor.

  •   Ngarasa hésé pikeun ngomong ’nuhun’. Loba budak ngarasa, maranéhna geus salayakna narima hal-hal nu hadé. Mun boga pandangan jiga kitu, maranéhna téh bakal hésé pikeun ngucap sukur.

     Ayeuna, sikep jiga kitu téh geus lumrah. Ceuk saurang indung nu ngaranna Katherine, ”Jalma-jalma diajarkeun, maranéhna bisa meunangkeun kabéh hal nu dipikahayang ku maranéhna. Majalah, TV, jeung Internét téh nawarkeun rupa-rupa hal ka urang. Saolah-olah urang dibéré nyaho, urang ’layak’ meunangkeun hal-hal éta. Urang dijurung pikeun jadi nu pangheulana meunangkeun hal-hal éta.”

  •   Ti leutik kénéh, barudak téh geus bisa diajar pikeun boga rasa sukur. Saurang indung nu ngaranna Kaye ngomong, ”Barudak leutik téh kudu diajar. Ngajarkeun sipat-sipat hadé ka barudak leutik téh ibarat ngagunakeun kayu pikeun ngabantu tutuwuhan supaya lempeng tumuwuhna.”

Carana ngajar budak pikeun ngucap sukur

  •   Ajarkeun naon nu kudu diomongkeun. Ti leutik kénéh, barudak geus bisa diajarkeun pikeun ngomong ’hatur nuhun’ lamun aya nu bageur atawa méré hadiah ka manéhna. Engké pas geus beuki gedé, manéhna bakal leuwih ngahargaan mun aya jalma nu bageur ka manéhna.

     Prinsip Kitab Suci: ”Aranjeun gé kudu terus muji sukur.”​—Kolose 3:15.

     ”Incu urang kakara umur tilu taun, tapi sering pisan ngomong ’hatur nuhun’. Terus unggal rék ménta nanaon, pasti ngomong ’punten’ atawa ’tulung’. Manéhna diajar kitu téh ku kolotna. Lantaran kolotna sering ngomong ’hatur nuhun’, si budak téh jadi nurutan.”​—Jeffrey.

  •   Ajarkeun naon nu kudu dilakukeun. Pék ajar budak anjeun pikeun nyieun kartu ucapan ka jalma nu méré hadiah ka manéhna. Anjeun gé bisa méré tugas imah ka barudak, ku kituna barudak bakal leuwih ngahargaan upaya ti kolot pikeun ngurus imah.

     Prinsip Kitab Suci: ”Leuwih bagja méré tibatan nampa.”​—Kisah 20:35.

     ”Dua budak abdi ngabantu kulawarga ku cara nyiapkeun dahareun jeung bébérés imah. Maranéhna duaan jadi leuwih ngahargaan upaya ti kolotna sarta jadi leuwih boga rasa sukur.”​—Beverly.

  •   Ajarkeun sikep nu bener ka barudak. Rasa sukur téh bisa diibaratkeun jiga pepelakan. Nah, nu jadi taneuhna téh nyaéta sikep rendah haté. Jadi, sikep rendah haté bisa ngabantu budak supaya ngucap sukur. Jalma nu rendah haté bakal paham yén manéhna butuh bantuan ti batur. Jadi waktu aya nu méré bantuan ka manéhna, manéhna bakal ngucap sukur.

     Prinsip Kitab Suci: ”Kudu rendah haté, nganggap batur leuwih unggul tibatan aranjeun. Tong mikirkeun kapentingan diri sorangan baé, tapi pikirkeun ogé kapentingan batur.”​—Filipi 2:3, 4.

     ”Kadang mun pas dahar bareng, urang sakulawarga téh sok giliran pikeun nyaritakeun urang nganuhunkeun kana hal naon waé. Ku kituna, kabéhanana bisa leuwih gampang pikeun ngucap sukur sarta moal mentingkeun diri.”​—Tamara.

 Saran: Pék béré tuladan. Barudak bakal leuwih gampang pikeun ngucap sukur lamun maranéhna sering ningali anjeun ngomong ’hatur nuhun’ ka batur atawa ka maranéhna.

a Tina buku Hatur Nuhun! Anjeun Bakal Leuwih Bagja Lamun Boga Rasa Sukur (Thanks! How Practicing Gratitude Can Make You Happier).