Pindah kana eusi

BANTUAN KEUR KULAWARGA | CARANA NGADIDIK BUDAK

Barudak jeung HP​—Bagian 1: Budak Abdi Geus Cukup Umur Kitu keur Boga HP?

Barudak jeung HP​—Bagian 1: Budak Abdi Geus Cukup Umur Kitu keur Boga HP?

 Ayeuna, aya beuki loba budak nu boga HP. a Maranéhna sok maké HP pikeun maén Internét mun keur sorangan di kamarna. Naon waé bahayana? Naon mangpaatna? Mun keur maké HP, budak urang sok poho kana waktu teu?

 Nu kudu dipikanyaho

 Mangpaatna

  •   Kolot bakal ngarasa tenang lamun apal budakna téh aman. Bethany, anu boga dua budak rumaja, ngomong, ”Kaayaan dunya ayeuna téh beuki bahaya. Jadi lamun aya nanaon, barudak perlu méré kabar ka kolotna.”

     Saurang indung nu ngaranna Catherine ngomong, ”Aya sababaraha aplikasi anu bisa ngahubungkeun HP urang jeung HP budak urang. Jadi urang bisa nyaho manéhna téh aya di mana. Malahan mah, mun budak urang keur nyetir, urang bisa ningali manéhna téh ngebut atawa henteu.”

  •   Ngagawékeun tugas sakola téh jadi leuwih gampang. Ceuk saurang indung nu ngaranna Marie, ”Guru téh osok ngirimkeun tugas liwat e-mail atawa SMS. Barudak gé osok maké HP waktu rék nanya ka guruna.”

 Bahayana

  •   Poho kana waktu. Barudak ngora biasana osok maén HP mangjam-jam. Kolot gé sarua siga kitu. Malahan mah, waktu nu dipaké keur maén HP téh sarua lobana jeung waktu nu dipaké pikeun ngobrol jeung barudakna. Ceuk saurang ahli, ”Kulawarga-kulawarga téh geus jiga jalma-jalma nu teu silih kenal, sibuk maké gadget-na sorangan, sanajan maranéhna téh keur ngumpul.” b

  •   Pornografi. Numutkeun hiji laporan, leuwih ti satengah jumlah budak ngora néangan pornografi unggal bulanna. Urang teu héran kana hal ieu lantaran urang téh gampang pisan néangan bahan-bahan pornografi dina gadget, siga HP. William, bapa ti dua budak rumaja ngomong, ”Waktu urang ngidinan budak urang maké HP, urang bisa waé teu sadar lamun budak urang jadi leuwih gampang muka bahan-bahan pornografi.”

  •   Kacanduan. Loba jalma geus kacanduan HP. Lamun teu nyepeng HP, maranéhna téh ngarasa hariwang, bingung, jeung malahan mah gering. Sababaraha kolot gé merhatikeun yén sikep barudak maranéhna téh jadi kasar mun keur nyepeng HP. Carmen ngomong, ”Sakapeung mah, mun budak urang diajak ngobrol, manéhna téh sok ngadelék sarta ngomongna jadi kurang ajar lantaran manéhna embung diganggu.”

  •   Bahaya-bahaya séjénna. HP téh bisa dipaké keur nga-bully batur jeung sexting. Salian ti éta, loba teuing maké HP téh bisa nyababkeun barudak jadi kurang saré sarta bisa waé awakna jadi bongkok. Hal-hal ieu, engkéna bisa ngalantarankeun masalah kaséhatan. Salian ti éta, aya ogé aplikasi anu katingalina teu bahaya, tapi sabenerna eusina téh hal-hal nu teu pantes. Sababaraha budak ngora ngagunakeun aplikasi éta supaya teu kanyahoan ku kolotna.

     Daniel, nu boga budak awéwé, nyimpulkeun siga kieu, ”Waktu budak maké HP, maranéhna bisa ningali naon waé nu aya dina Internét, boh nu alus boh nu goréng.”

 Nu kudu dipikirkeun

  •   ’Naha enya budak abdi téh bener-bener butuh HP?’

     Ceuk Alkitab: ”Ari nu binangkit mah ngawas-ngawas heula pilengkaheun.” (Siloka 14:15) Jadi pék pikirkeun pananya-pananya ieu:

     ’Méré HP ka budak abdi téh putusan nu bijak kitu? Abdi geus mikirkeun mangpaat jeung bahayana acan? Atawa aya pilihan séjénna?’

     Ceuk saurang bapa, anu ngaranna Todd, ”Mun budak urang dibéré HP anu ngan bisa dipaké keur nelepon jeung SMS gé, maranéhna pan masih bisa méré kabar ka urang. HP siga kitu gé leuwih murah.”

  •   ’Budak urang geus siap boga HP acan?’

     Ceuk Alkitab: ”Jalma pinter mah sagawe-gawena teh tangtu bener.” (Pandita 10:2) Jadi pék pikirkeun pananya-pananya ieu:

     ’Naon buktina yén budak urang téh bisa dipercaya? Komunikasi urang jeung budak urang téh lancar teu? Budak urang masih sok ngabohong teu, misalna ngeunaan saha waé anu jadi babaturanana? Waktu budak urang maké gadget séjénna, siga TV, tablét, atawa laptop, manéhna téh geus bisa ngadalikeun dirina can?’ Saurang indung nu ngaranna Serena ngomong, ”HP téh mangpaatna gedé, tapi aya ogé bahayana. Jadi saacan méré HP ka budak nu can boga loba pangalaman, pék pikirkeun, manéhna téh geus bisa dipercaya can?”

  •   ’Sabagé kolot, urang geus siap can mun budak urang maké HP?’

     Ceuk Alkitab: ”Budak teh papatahan kumaha kuduna hirup.” (Siloka 22:6) Jadi pék pikirkeun pananya-pananya ieu:

     ’Supaya bisa ngabéjaan budak naon waé bahayana maké HP sarta kumaha cara nyingkahanana, urangna sorangan geus ngarti can carana maké HP? Urang nyaho jeung bisa teu ngagunakeun parental control (fitur nu bisa ngatur kontén mana waé nu bisa dibuka ku budak urang)? Kumaha carana urang ngabantu budak supaya bijaksana waktu ngagunakeun HP?’ Ceuk Daniel nu disebutkeun saacanna, ”Abdi sok ningali, loba kolot ngan méré budakna HP, tapi tara ngontrol kumaha budakna ngagunakeunana.”

 Palajaran penting: Budak téh butuh dilatih sangkan bisa maké HP ku cara nu bijaksana. Buku Indistractable ngajelaskeun, ”Barudak mah biasana can bisa ngatur waktu dina maké gadget, komo deui mun henteu dibingbing ku kolotna.”

a HP anu disebutkeun dina artikel ieu téh osok disebut ogé smartphone, nyaéta HP nu aya aksés Internétna.

b Tina buku Disconnected, nu ditulis ku Thomas Kersting.