Pindah kana eusi

BANTUAN KEUR KULAWARGA

Carana Ngabantu Budak Leuwih Alus Peunteunna di Sakola

Carana Ngabantu Budak Leuwih Alus Peunteunna di Sakola

 Budak Sadérék katingalina teu paduli kana sakolana, tara nyieun PR jeung tara diajar. Balukarna, peunteunna jadi goréng, kitu ogé sikepna. Kumaha Sadérék bisa ngabantu budak sangkan leuwih alus peunteunna di sakola?

 Nu kudu dipikanyaho

 Lamun budak dicarékan, masalahna beuki parah. Lantaran dicarékan, budak Sadérék jadi strés, boh di sakola boh di imah! Tungtungna, manéhna bisa ngabohong, nyumputkeun hasil ulanganana, malsukeun tanda tangan Sadérék dina rapot, atawa bolos sakola. Masalahna bakal beuki parah.

 Lamun budak dibibita ku hadiah, hasilna bisa jadi teu alus. Saurang bapa nu ngaranna Andrew nyarita, ”Ngarah budak leuwih getol diajar, abdi ngomong rék méré hadiah mun peunteunna alus. Tapi, nu dipikiran ku manéhna téh kalah ka hadiahna. Waktu peunteunna goréng, manéhna sedih téh lain lantaran peunteunna, tapi lantaran teu meunang hadiah.”

 Lamun nyalahkeun guru, éta téh teu ngadidik. Budak Sadérék bisa jadi mikir yén manéhna teu kudu nyieun upaya pikeun meunang hasil nu alus. Manéhna ogé jadi diajar pikeun nyalahkeun batur jeung ngarepkeun batur ngaréngsékeun masalah manéhna. Intina mah budak moal meunang palajaran penting nu bakal mangpaat waktu manéhna déwasa engké, nyaéta kudu tanggung jawab kana tindakanana.

 Nu bisa dilampahkeun

 Kadalikeun parasaan Sadérék. Ulah ngabahas peunteun budak waktu Sadérék keur ambek. Saurang bapa nu ngaranna Brett ngomong, ”Abdi jeung pamajikan sadar, lamun abdi duaan tetep tenang jeung mikirkeun parasaan budak, hasilna alus.”

 Prinsip Alkitab: ”Sing cepet kana ngadenge, sing lambat kana nyarita, jeung ulah gancang ambek.”—Yakobus 1:19.

 Téangan masalah nu sabenerna. Peunteun nu goréng téh biasana lantaran budak di-bully, pindah sakola, tegang waktu ujian, masalah kulawarga, kurang saré, teu boga jadwal diajar, atawa hésé konséntrasi. Ulah langsung nganggap budak Sadérék téh males.

 Prinsip Alkitab: ”Jalma nu némbongkeun pamahaman kana hiji hal bakal meunang hasil.”—Siloka 16:20, ”Terjemahan Dunia Baru”.

 Ciptakeun suasana nu ngeunaheun pikeun diajar. Jieun jadwal pikeun diajar jeung nyieun PR. Sadiakeun tempat diajar nu bébas tina gangguan (kaasup TV jeung handphone). Waktu diajarna bisa dibagi saeutik-saeutik supaya budak bisa leuwih konséntrasi. Hector, saurang bapa ti Jerman, ngomong, ”Mun bakal aya ujian, abdi maturan budak diajar saeutik-saeutik unggal poé lainna diajar pas geus mépéd waktuna.”

 Prinsip Alkitab: ”Sagala perkara di dunya aya waktuna.”—Pandita 3:1.

 Béré nyaho mangpaatna. Budak bakal leuwih kajurung pikeun diajar lamun nyaho mangpaatna sakola keur ayeuna. Misalna, matématika téh bisa ngabantu manéhna ngatur duit jajan.

 Prinsip Alkitab: ”Sing meunang hikmah. Sing meunang pangarti. . . . Sing nyaah kana hikmah.”—Siloka 4:5, 8.

 Saran: Bantu budak Sadérék nyieun PR, tapi ulah dipangnyieunkeun. Andrew ngomong, ”Budak abdi mah embung mikir, hayangna dipangnyieunkeun PR-na.” Ajar budak Sadérék pikeun nyieun PR-na sorangan.