Pindah kana eusi

BANTUAN KEUR KULAWARGA | PERKAWINAN

Kumaha Cara nu Bijaksana dina Ngagunakeun Téknologi?

Kumaha Cara nu Bijaksana dina Ngagunakeun Téknologi?

 Cara urang ngagunakeun téknologi bisa nguatkeun atawa ngaruksak perkawinan urang. Ku naon bisa kitu?

 Nu kudu dipikanyaho

  •   Lamun urang ngagunakeun téknologi sacara bijaksana, éta bisa nguatkeun perkawinan urang. Contona, lamun salaki pamajikan keur teu babarengan, maranéhna bisa tetep komunikasi maké téknologi.

     ”Ngirim pesen saperti ’Néng, Akang nyaah’ atawa ’Néng, Akang sono’ bisa nyieun urang jadi leuwih raket.”—Jonathan.

  •   Lamun urang teu bijaksana ngagunakeun téknologi, lila-lila hubungan perkawinan urang bisa ruksak. Contona, aya sababaraha jalma nu teterusan maén HP. Éta bisa méakeun waktu jeung perhatian nu sakuduna dibikeun ka batur hirup.

     ”Abdi perhatikeun salaki abdi téh leuwih resep ngobrol jeung abdi mun abdina keur teu sibuk maén HP.”—Julissa.

  •   Sababaraha jalma ngomong yén maranéhna bisa merhatikeun obrolan batur hirupna bari sakaligus ngagunakeun alat éléktronikna. Tapi ahli sosiologi, Sherry Turkle, ngomong yén ngalakukeun sababaraha hal sakaligus téh moal mungkin bener hasilna. Loba nu mikir nu bisa ngalakukeun sababaraha hal sakaligus téh hadé, padahal mah henteu. Sherry Turkle ngomong yén sabenerna ”kasanggupan urang bakal ngurangan lamun urang ngagawékeun hiji tugas bari jeung ngagawékeun tugas séjén.” a

     ”Abdi resep bisa ngobrol jeung salaki abdi, asal manéhna henteu bari ngalakukeun hal séjén. Mun bari sibuk jeung alat éléktronikna, abdi jadi ngarasa teu diperhatikeun.”—Sarah.

 Palajaran penting: Cara Sadérék ngagunakeun téknologi bisa nguatkeun atawa ngaruksak perkawinan.

 Nu bisa dilampahkeun

 Tangtukeun mana nu leuwih penting. Ceuk Kitab Suci, ”Milih-milih mana anu hade.” (Pilipi 1:10, tina Sunda Formal [SF]) Pék pikirkeun, ’Naha cara urang ngagunakeun alat éléktronik téh méakkeun loba waktu jeung perhatian nu sakuduna dibikeun ka batur hirup urang?’

 ”Mani watir ningali salaki pamajikan sibuk jeung HP-na sorangan waktu keur dahar di réstoran. Urang embung dikadalikeun ku téknologi nepi ka poho naon nu pangpentingna, nyaéta hubungan urang jeung batur hirup.”—Matthew.

 Tangtukeun lilana. Ceuk Kitab Suci, ”Hirup sing ati-ati: Kudu lantip wijaksana, ulah milih anu nirca.” (Epesus 5:15, 16, SF) Pék pikirkeun, ’Ti batan langsung ngabales kabéh pesen nu ditarima, naha urang bisa néang waktu nu cocog pikeun maca jeung ngabales pesen-pesen nu teu pati penting?’

 ”Supaya teu ngaganggu, abdi sok nyetél HP ka mode silent jeung ngabales pesen-pesen dina waktu nu leuwih cocog. Da sabenerna jarang aya telepon, SMS, atawa e-mail darurat nu kudu langsung dibales.”—Jonathan.

 Mun bisa, urusan pagawéan ulah terus dibabawa. Ceuk Kitab Suci, ”Sagala perkara di dunya aya waktuna.” (Pandita 3:1) Pék pikirkeun pananya-pananya ieu, ’Naha waktu di imah abdi sok sibuk ngagunakeun HP pikeun ngurus pagawéan nepi ka ngaganggu kahirupan kulawarga abdi? Mun kitu, kumaha pangaruhna ka perkawinan abdi? Kumaha pandangan batur hirup abdi?’

 ”Ku téknologi, urang bisa gawé di mana waé jeung iraha waé. Pas keur bareng jeung pamajikan, abdi kudu bener-bener ngupayakeun supaya teu ningalian HP waé jeung teu ngurus pagawéan.”—Matthew.

 Bahas cara nu bijaksana pikeun ngagunakeun téknologi. Ceuk Kitab Suci, ”Ulah hayang senang sorangan, ragangan hate batur.” (1 Korinta 10:24) Bahas jeung batur hirup Sadérék kumaha kabiasaan masing-masing dina ngagunakeun téknologi. Naha aya nu kudu dirobah? Sadérék bisa ngagunakeun Bahan pikeun dibahas nu aya dina artikel ieu.

 ”Abdi jeung salaki sadar HP jeung tablét téh bisa jadi masalah. Jadi abdi duaan teu asa-asa silih ngingetan lamun aya nu geus kaleuleuwihi ngagunakeunana. Keur abdi duaan naon nu dirasakeun ku batur hirup téh penting pisan.”—Danielle.

 Palajaran penting: Gunakeun téknologi, lainna digunakeun ku téknologi.

a Tina buku Reclaiming Conversation—The Power of Talk in a Digital Age.