Pindah kana eusi

Ku Naon Urang Kudu Ngadoa Liwat Nami Yésus?

Ku Naon Urang Kudu Ngadoa Liwat Nami Yésus?

Jawaban Alkitab

 Urang kudu ngadoa liwat nami Yésus lantaran ieu téh hiji-hijina cara nu diidinan ku Allah pikeun ngaraket ka Mantenna. Yésus ngomong, ”Kami jalanna, Kami kayaktian, Kami sumberna hirup. Ku sabab eta, lamun henteu ku jalan Kami, moal aya anu bisa datang ka Rama.” (Yohanes 14:6) Yésus gé ngomong ka para rasulna nu satia, ”Sing percaya, naon bae pamenta maraneh ka Rama anu dipenta bari mawa ngaran Kami, ku Rama tangtu dikabul.”—Yohanes 16:23.

Alesan séjénna urang ngadoa liwat nami Yésus

  •   Urang ngahargaan Yésus sarta Bapana, Allah Yéhuwa.—Pilipi 2:9-11.

  •   Urang ngahargaan pupusna Yésus salaku tebusan nu disadiakeun ku Allah pikeun nyalametkeun urang.—Mateus 20:28; Rasul 4:12.

  •   Urang ngahargaan kana tugas Yésus salaku Perantaraan Allah jeung manusa.—Ibrani 7:25.

  •   Urang ngajénan tugas Yésus sabagé Imam Agung nu bisa ngabantu urang ngaraket jeung Allah.—Ibrani 4:14-16.