Pindah kana eusi

Naha Alkitab Bisa Ngabantu Abdi Boga Kulawarga Bagja?

Naha Alkitab Bisa Ngabantu Abdi Boga Kulawarga Bagja?

Jawaban Alkitab

 Bisa. Ieu sababaraha naséhat bijaksana tina Alkitab nu geus ngabantu jutaan jalma sangkan boga kulawarga bagja:

  1.   Ngesahkeun perkawinan. Ngesahkeun perkawinan hartina Sadérék nyieun ikrar pikeun satia saumur hirup sacara hukum. Éta téh hal mimiti nu kudu dilakukeun supaya kulawarga Sadérék bagja.—Mateus 19:4-6.

  2.   Sing nyaah jeung ngahargaan batur hirup. Sakumaha Sadérék hayang meunang kahadéan ti batur hirup, Sadérék ogé kudu nyieun kahadéan ka batur hirup.—Mateus 7:12; Epesus 5:25, 33.

  3.   Ulah ngomong kasar. Sanajan batur hirup ngomong atawa ngalakukeun tindakan kasar, omongan Sadérék sakuduna tetep lemah lembut. (Epesus 4:31, 32) Di Siloka 15:1, Alkitab ngomong, ”Jawaban sareh nyirnakeun amarah. Jawaban nyogok ngahudang napsu.”

  4.   Sing silih satia. Parasaan romantis jeung hasrat séksual ngan meunang ditujukeun ka batur hirup wungkul. (Mateus 5:28) Alkitab ngomong, ”Ajenan perkawinan, laki rabi sing pada-pada satia. Anu nyelewer atawa jinah tangtu dihukum ku Allah.”—Ibrani 13:4.

  5.   Ajar barudak ku kaasih. Budak ulah diogo teuing, tapi ogé ulah dikasaran.—Siloka 29:15; Kolosa 3:21.