Pindah kana eusi

Kumaha Urang Bisa Hirup Salilana?

Kumaha Urang Bisa Hirup Salilana?

Jawaban Alkitab

 Alkitab jangji, ”Anu ngalampahkeun pangersa Allah mah bakal hirup salalanggengna.” (1 Yohanes 2:17) Allah hayang urang ngalampahkeun naon?

  •   Diajar ngeunaan Allah jeung Putra-Na, Yésus. Dina doana, Yésus ngomong, ”Dupi hirup langgeng teh nya eta: Terang ka Ama, Allah sajati anu mung hiji, sareng ka utusan Ama, Yesus Kristus.” (Yohanes 17:3) Kumaha carana supaya urang ”terang ka” Allah jeung Yésus? Urang kudu diajar sarta ngalampahkeun naséhat-naséhat Alkitab. a Alkitab nyingkabkeun cara pikir Allah Yéhuwa, Nu Nyipta tur Sumber kahirupan urang. (Rasul 17:24, 25) Alkitab ogé méré nyaho urang ngeunaan Putra-Na, nyaéta Yésus, nu ngajarkeun ”pangandika nu maparin hirup langgeng”.​—Yohanes 6:67-69.

  •   Témbongkeun iman kana korban tebusan Yésus. Yésus datang ka bumi ”rek ngawulaan jeung rek ngorbankeun nyawa-Na”. (Mateus 20:28) Lantaran Yésus geus ngorbankeun nyawana, manusa jadi boga kasempetan pikeun hirup salalanggengna di Pirdaus di bumi. b (Jabur 37:29) Ceuk Yésus, ”Karana kacida mikaasihna Allah ka alam dunya, nepi ka masihkeun Putra tunggal-Na, supaya sakur anu percaya [”iman”, Terjemahan Dunia Baru (NW)] ka Anjeunna ulah binasa, tapi meunang hirup langgeng.” (Yohanes 3:16) Teu cukup ngan saukur percaya ka Yésus. Urang kudu némbongkeun iman ku cara hirup luyu jeung pangajaran Yésus sarta kahayang Bapa-Na.​—Mateus 7:21; Yakobus 2:17.

  •   Nyobat jeung Allah. Allah hayang urang ngaraket sarta jadi sobat-Na. (Yakobus 2:23; 4:8) Allah téh abadi, Mantenna moal bisa maot. Mantenna ogé hayang sobat-sobat-Na hirup salalanggengna. Liwat Firman-Na, Allah ngungkabkeun kahayang-Na pikeun jalma-jalma nu satia, ”Mugia maranéh hirup salalawasna.”​—Jabur 22:26, NW.

Kasalahpahaman Ngeunaan Hirup Salilana

 Kasalahpahaman: Ku upaya sorangan, manusa bisa hirup langgeng.

 Fakta: Sababaraha kamajuan dina widang kaséhatan ngajangjikeun bisa manjangkeun umur manusa, tapi teu aya nu bisa nyieun manusa hirup langgeng. Ngan Allah nu bisa méré hirup langgeng, ku sabab ngan Mantenna ”sumbering hirup sadaya mahluk”. (Jabur 36:10) Allah jangji bakal ”numpes ajal maot sina sirna salalawasna” jeung méré hirup langgeng ka kabéh manusa nu satia.​—Yesaya 25:8; 1 Yohanes 2:25.

 Kasalahpahaman: Ngan jalma-jalma ti sababaraha suku bangsa nu bisa hirup langgeng.

 Fakta: Teu aya suku bangsa nu diunggulkeun ku Allah. Sabalikna, ”bangsa naon oge upami ngabakti ka Mantenna sareng hade kalakuanana mah tangtos ku Mantenna diangken”. (Rasul 10:34, 35) Teu sual naon suku bangsa jeung kasang tukangna, jalma-jalma nu satia ka Allah bakal hirup langgeng.

 Kasalahpahaman: Hirup langgeng téh matak bosen.

 Fakta: Hirup langgeng téh ditawarkeun ku Allah nu nyaah ka urang sarta hayang urang bagja. (Yakobus 1:17; 1 Yohanes 4:8) Mantenna apal yén urang bakal bagja lamun boga pagawéan nu aya tujuanana. (Pandita 3:12) Allah jangji yén di bumi Pirdaus, jalma-jalma bakal boga pagawéan nu matak sugema jeung mangpaat keur maranéhna jeung jalma-jalma nu dipikanyaah ku maranéhna.​—Yesaya 65:21-23.

 Salian ti éta, maranéhna gé bakal terus diajar hal-hal anyar ngeunaan Nu Nyipta tur ciptaana-Na nu luar biasa. Ku Allah, manusa diciptakeun boga kahayang pikeun hirup salilana sarta diajar ngeunaan Mantenna, sanajan maranéhna ”moal bakal pernah ngarti kana pagawéan Allah nu sajati ti awal nepi ka ahir”. (Pandita 3:10, 11, NW) Jadi, jalma-jalma nu bakal hirup langgeng téh pasti bakal diajar jeung ngalampahkeun hal-hal nu matak sugema.

a Saksi-Saksi Yéhuwa nawarkeun palajaran Alkitab haratis. Pikeun katerangan leuwih loba, mangga tongton vidéo Sapertos Kumaha Program Pangajaran Alkitab ti Sim Kuring?

b Tingali artikel ”Kumaha Yésus Nyalametkeun Urang?