Pindah kana eusi

Kumaha Katengtreman di Bumi Bisa Ngawujud?

Kumaha Katengtreman di Bumi Bisa Ngawujud?

Jawaban Alkitab

 Bumi téh bakal tengtrem lain ku upaya manusa, tapi ku Karajaan Allah. Éta téh pamaréntahan di sawarga nu dirajaan ku Yésus Kristus. Tingali kumaha Alkitab ngajarkeun urang ngeunaan harepan nu luar biasa ieu.

  1.   Allah bakal ”ngeureunkeun peperangan di sakuliah jagat”, nyumponan jangji-Na supaya ’di bumi aya kerta, keur sakur manusa anu kamanah ku Allah!’—Jabur 46:10; Lukas 2:14.

  2.   Karajaan Allah bakal maréntah sakuliah bumi ti sawarga. (Daniel 7:14) Sabagé pamaréntahan sadunya, Karajaan Allah bakal nyingkirkeun nasionalisme nu nyababkeun loba masalah.

  3.   Yésus sabagé Raja ti Karajaan Allah bakal disebut ”Raja Kerta”. Anjeunna bakal mastikeun yén bumi ”bakal aman sapapanjangna”.—Yesaya 9:6, 7.

  4.   Jalma-jalma nu resep paséa moal bisa jadi rahayat éta Karajaan lantaran ”[Allah] ijid ka jalma nu resep kana kakerasan”.—Jabur 11:5, NW; Siloka 2:22.

  5.   Allah ngajarkeun umat-Na pikeun hirup rukun. Ku kituna, jalma-jalma ”bakal ngarobah pedangna jadi wuluku, tumbakna dijieun arit. Bangsa-bangsa moal perang deui, moal tatahar perang deui”.—Yesaya 2:3, 4.

 Ayeuna, jutaan Saksi Yéhuwa di sakuliah dunya nyonto Allah pikeun ngupayakeun karukunan. (Mateus 5:9) Sanajan urang téh asalna ti rupa-rupa sélér bangsa jeung hirup di leuwih ti 230 nagri nu béda-béda, urang moal merangan batur.

 Saksi-Saksi Yéhuwa terus diajar carana hirup rukun