Pindah kana eusi

Saha Lalaki Beunghar jeung Lazarus téh?

Saha Lalaki Beunghar jeung Lazarus téh?

Jawaban Alkitab

 Lalaki beunghar jeung Lazarus téh nyaéta dua jelema nu aya dina carita Isa. (Lukas 16:19-31) Maranéhna téh ngagambarkeun dua golongan jelema: (1) para pamingpin agama Yahudi nu sombong dina jaman Isa, jeung (2) rahayat leutik nu disapirakeun ku jalma-jalma tapi daék ngadéngékeun pangajaran Isa.

Dina artikel ieu

 Isa nyaritakeun naon ngeunaan lalaki beunghar jeung Lazarus?

 Dina Lukas pasal 16, Isa nyaritakeun yén kahirupan dua lalaki ieu téh barobah pisan.

 Kieu caritana: Aya saurang lalaki beunghar nu hirupna ngeunah jeung serba aya. Terus aya tukang ménta-ménta nu ngaranna Lazarus. Manéhna cicing di hareupeun gerbang imah lalaki beunghar tadi jeung sok ngarep-ngarep, sugan aya dahareun nu ragrag tina méja makan si lalaki beunghar. Ka dieunakeun, Lazarus maot, terus ku para malaikat dibawa ka gigireun Ibrahim. Si lalaki beunghar gé maot, terus dikuburkeun. Dina carita Isa, sanggeus maranéhna maot, maranéhna téh digambarkeun saolah-olah hirup kénéh. Si lalaki beunghar disiksa dina seuneu nu kacida panasna. Manéhna ménta Ibrahim supaya nitah Lazarus nganclomkeun ramona saeutik kana cai pikeun niiskeun létahna. Tapi Ibrahim embungeun. Ceuk Ibrahim, kahirupan maranéhna téh geus barobah pisan, sarta aya jurang nu gedé pisan anu misahkeun maranéhna jeung teu bisa dipeuntasan.

 Ieu téh kisah nyata lain?

 Lain. Isa nyaritakeun kisah ieu pikeun ngajar urang. Para ahli gé nyimpulkeun yén ieu téh lain kisah nyata. Misalna, Alkitab tarjamahan Martin Luther édisi 1912 nyebutkeun yén ieu téh ngan ibarat hungkul. Terus, dina Alkitab Katolik The Jerusalem Bible, aya catetan handap nu nyebutkeun yén ieu téh ”carita nu eusina ibarat, sarta jalma-jalma nu dicaritakeun gé henteu bener-bener aya”.

 Naha enya Isa ngajarkeun yén urang téh hirup kénéh sanggeus maot? Enya kitu Ibrahim jeung Lazarus aya di sorga, jeung aya ogé jalma-jalma nu disiksa di naraka? Lain kitu. Pikirkeun hal-hal ieu:

 Misalna:

  •   Lamun bener lalaki beunghar éta disiksa dina seuneu anu ngagedur, pasti cai dina ramona Lazarus langsung jadi uap, pan?

  •   Sanajan caina teu nguap gé, moal mungkin sakeclak cai bisa nyegerkeun lalaki beunghar nu keur kapanasan dina seuneu.

  •   Ibrahim moal mungkin aya di sorga sabab Isa jelas-jelas ngomong yén basa Isa hirup kénéh di bumi, can pernah aya nu naék ka sorga.​—Yahya 3:13.

 Naha enya carita ieu ngadukung yén naraka téh aya?

 Henteu. Ieu téh lain kisah nyata, tapi sababaraha jalma nganggap carita ieu téh gambaran yén jalma bageur bakal ka sorga, ari jalma jahat bakal disiksa di naraka. a

 Éta téh teu asup akal.

 Pangajaran ngeunaan naraka téh teu sajalan jeung pangajaran Alkitab ngeunaan kaayaan jalma nu geus maot. Misalna, Alkitab teu pernah nyebutkeun yén kabéh jalma bageur bakal ka sorga sanggeus maranéhna maot. Alkitab gé teu pernah nyebutkeun yén jalma jahat bakal disiksa di naraka. Tapi, Alkitab nyebutkeun, ”Nu hirup mah nyaho yen bakal paeh. Ari nu paeh mah teu nyaho naon-naon.”​—Pandita 9:5.

 Naon maksud tina carita lalaki beunghar jeung Lazarus?

 Carita ieu nunjukkeun aya dua golongan jelema nu kahirupanana bakal barobah pisan.

 Lalaki beunghar ngagambarkeun para pamingpin agama Yahudi ”nu beuki duit”. (Lukas 16:14) Maranéhna ngadéngé omongan Isa, tapi kalah ka nentang. Maranéhna gé ngarendahkeun rahayat leutik.​—Yahya 7:49.

 Lazarus ngagambarkeun rahayat leutik nu narima warta Isa. Maranéhna téh dipikageuleuh ku para pamingpin agama Yahudi.

 Kahirupan ti dua golongan jelema ieu téh barobah pisan.

  •   Para pamingpin agama Yahudi mikir maranéhna téh dipikaresep ku Allah. Tapi dina pandangan Allah, maranéhna téh saolah-olah geus paéh. Allah nolak maranéhna jeung teu narima ibadah maranéhna sabab maranéhna teu daék narima Isa. Maranéhna téh kasiksa ku warta nu diuarkeun ku Isa jeung murid-muridna.​—Matius 23:29, 30; Kisah 5:29-33.

  •   Rahayat leutik nu salila ieu diculkeun ku para pamingpin agamana téh ayeuna dipikaresep ku Allah. Loba di antara maranéhna narima pangajaran Isa sarta ngajalankeunana. Ayeuna, maranéhna téh dipikaresep ku Allah salilana.​—Yahya 17:3.

a Sababaraha tarjamahan Alkitab nyebutkeun, si lalaki nu beunghar téh aya di ”naraka” sanggeus manéhna maot. Tapi kecap Yunanina nu dipaké dina Lukas 16:23 téh nyaéta ”Hadés”, nu hartina kuburan.