Roma 10:1-21

  • Carana dianggap bener ku Allah (1-15)

    • Pangakuan di hareupeun jalma-jalma (10)

    • Nu nyambat ka ngaran Yéhuwa bakal disalametkeun (13)

    • Resep pisan ningali nu nguarkeun warta hadé (15)

  • Warta hadé ditolak (16-21)

10  Dulur-dulur, kahayang haté kuring jeung nu terus didoakeun ku kuring ka Allah téh nyaéta supaya maranéhna disalametkeun.  Kuring bisa méré kasaksian yén maranéhna téh sumanget pisan ibadah ka Allah, tapi teu bener-bener ngarti naon kahayang Allah.*  Lantaran teu nyaho naon nu dianggap bener ku Allah, maranéhna nuturkeun patokan sorangan. Akibatna, maranéhna teu taat kana patokan Allah ngeunaan nu bener.  Tungtungna hukum Torét téh Al-Masih, jadi saha waé nu boga iman ka manéhna bakal dianggap bener.  Ngeunaan jalma nu dianggap bener lantaran ngajalankeun Torét, Musa nulis kieu, ”Jalma nu ngajalankeun hal-hal ieu, bakal meunangkeun hirup.”  Tapi ngeunaan jalma nu dianggap bener lantaran boga iman, Kitab Suci nyebutkeun, ”Ulah ngomong dina haté, ’Saha nu bakal naék ka sorga?’ maksudna pikeun mawa Al-Masih turun,  atawa, ’Saha nu bakal turun ka lombang nu kacida jerona?’* maksudna pikeun mawa Al-Masih kaluar ti antara nu maot.”  Naon deui nu disebutkeun? ”Firman éta teu jauh ti maranéh, aya dina biwir jeung haté maranéh sorangan,” maksudna ”firman” ngeunaan iman nu keur diwawarkeun ku urang-urang.  Lamun biwir aranjeun ngaku di hareupeun jalma-jalma yén Isa téh Juragan aranjeun, sarta aranjeun boga iman dina haté yén Allah geus ngahirupkeun deui manéhna, aranjeun bakal disalametkeun. 10  Ku lantaran boga iman dina haté, aranjeun dianggap bener, tapi ku lantaran pangakuan biwir aranjeun di hareupeun jalma-jalma, aranjeun disalametkeun. 11  Aya ayat nu nyebutkeun, ”Saha waé nu boga iman ka manéhna moal dikuciwakeun.” 12  Urang Yahudi jeung urang Yunani euweuh bédana lantaran Gustina* mah sarua, nu ngaberkahan* kabéh nu sasambat ka Anjeunna. 13  Sabab ”saha waé nu nyambat ka ngaran Yéhuwa bakal disalametkeun”. 14  Tapi, kumaha maranéhna bisa nyambat ka Anjeunna lamun teu boga iman ka Anjeunna? Terus, kumaha maranéhna bisa boga iman ka Anjeunna lamun teu pernah ngadéngé ngeunaan Anjeunna? Terus, kumaha maranéhna bisa ngadéngé lamun euweuh nu ngawawar? 15  Terus, kumaha maranéhna bisa ngawawar lamun teu diutus? Sakumaha aya ayat nu nyebutkeun, ”Resep pisan ningali jalma-jalma* nu datang nguarkeun warta hadé!” 16  Sanajan kitu, teu kabéh daék narima warta hadé. Ceuk Yésaya gé, ”Yéhuwa, saha nu boga iman kana warta nu didéngé ti urang-urang?” 17  Jadi, saurang jalma boga iman lamun geus ngadéngé warta éta. Tah, warta nu didéngéna téh ngeunaan Al-Masih. 18  Tapi kuring rék nanya: Bener kitu maranéhna téh can ngadéngé? Nya teu mungkin atuh, da aya ayat nu nyebutkeun, ”Sora maranéhna kadéngé nepi ka sakuliah bumi, jeung wartana tepi ka tungtung-tungtung bumi.” 19  Kuring rék nanya deui: Israél téh teu nyarahoeun, kitu? Nya pasti nyaho atuh. Musa nepikeun kekecapan Allah, ”Kuring bakal nyababkeun maranéh sirik ka jalma-jalma ti bangsa séjén. Kuring gé bakal nyababkeun maranéh ambek ku lantaran bangsa nu dianggap bodo.” 20  Komo Yésaya mah leuwih wani deui nepikeun kekecapan Allah, ”Kuring kapanggih ku jalma-jalma nu teu néangan Kuring. Kuring gé dikenal ku jalma-jalma nu teu nanyakeun Kuring.” 21  Ari ngeunaan Israél mah, Yésaya nepikeun kekecapan Allah ieu, ”Sapoé jeput Kuring nyodorkeun leungeun ka bangsa nu resep ngalawan jeung bedegong.”

Catetan Tambihan

Atawa ”teu nurutkeun pangaweruh nu bener ngeunaan Allah”.
Yunani: abyssos. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”Juraganna”, Yunani: Kyrios. Tingali Daptar Istilah.
As. ”nu beunghar ka”.
As. ”Kacida éndahna suku jalma-jalma”.