Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 5

Naon Tujuan Gusti Nyiptakeun Bumi?

Naon Tujuan Gusti Nyiptakeun Bumi?

1. Ku naon Gusti nyiptakeun bumi?

Yéhuwa nyiptakeun planét Bumi pikeun jadi tempat cicingna manusa. Ku kituna, Adam jeung Hawa teu diciptakeun pikeun hirup di sawarga, sabab nu diciptakeun pikeun hirup di sawarga mah malaikat. (Ayub 38:4, 7) Gusti nempatkeun Adam di taman nu kacida éndahna di bumi, nu disebut Taman Éden, atawa Pirdaus. (Kajadian 2:15-17) Yéhuwa hoyong Adam jeung turunanana hirup salilana di bumi. Baca Jabur 115:16.

Mimitina, pirdaus ngan aya di Taman Éden di bumi. Adam jeung Hawa kudu boga turunan pikeun minuhan bumi. Maranéhna kudu ngurus bumi sarta nyieun sakuliah bumi jadi Pirdaus. (Kajadian 1:28) Bumi moal bakal ancur. Éta dirancang pikeun dicicingan salilana ku manusa. Baca Jabur 104:5.

Tingali vidéo Naon Tujuan Gusti Nyiptakeun Bumi?

2. Ku naon ayeuna bumi lain Pirdaus?

Lantaran teu taat ka Yéhuwa, Adam jeung Hawa diusir ti Taman Éden. Maranéhna kudu hirup di luar Taman Éden. Ayeuna Pirdaus geus teu aya deui, sarta euweuh manusa nu sanggup nyieun bumi jadi Pirdaus deui. Ceuk Kitab Suci, ”Dunya ku Allah geus diserenkeun ka nu jarahat.”​—Ayub 9:24. Baca Kajadian 3:23, 24.

Naha tujuan Yéhuwa keur umat manusa geus gagal? Henteu! Gusti téh Maha Kawasa. Jadi, Mantenna moal bakal gagal. (Yesaya 45:18) Tujuan Gusti pikeun ngawujudkeun pirdaus di bumi pasti laksana. Baca Jabur 37:11.

3. Kumaha bumi bisa jadi Pirdaus deui?

Bumi bakal jadi Pirdaus deui waktu Nabi Isa maréntah sabagé Raja. Anjeunna bakal mingpin pasukan malaikat pikeun ngabasmi kabéh nu ngalawan Gusti dina perang nu disebut Armagédon. Terus salila 1.000 taun, Sétan dijieun teu daya, manéhna moal bisa ngalakukeun naon-naon. Tapi, umat Gusti mah bakal salamet sabab Nabi Isa bakal ngabingbing jeung ngalindungan maranéhna. Maranéhna bakal hirup langgeng di bumi nu geus jadi Pirdaus. Baca Wahyu 20:1-3; 21:3, 4.

4. Iraha kasangsaraan bakal disingkirkeun?

Iraha Gusti bakal nyingkirkeun kajahatan? Nabi Isa geus méré nyaho ”galagatna” pikeun nunjukkeun yén poé kiamat geus téréh datang. Kaayaan dunya ayeuna ngabuktikeun yén urang geus hirup dina panungtungan ”ahir jaman”. Lamun kaayaan dunya kieu terus, umat manusa bakal musna. Baca Mateus 24:3, 7-14, 21, 22.

Engké waktu Nabi Isa maréntah bumi ti sawarga salila 1.000 taun, kasangsaraan bakal disingkirkeun. (Yesaya 9:6, 7; 11:9) Anjeunna gé dibéré kawasa ku Gusti pikeun nyingkirkeun dosa jalma-jalma nu nyaah ka Gusti. Ku kituna, moal aya deui nu gering, nu ngolotan, jeung nu maot. Baca Yesaya 25:8; 33:24.

5. Saha nu bakal hirup di Pirdaus?

Di Balé Karajaan, Sadérék bakal panggih jeung jalma-jalma nu nyaah ka Gusti sarta hayang nyenangkeun haté-Na

Jalma-jalma nu taat ka Gusti bakal hirup di Pirdaus. (1 Yohanes 2:17) Nabi Isa ngutus murid-muridna pikeun néangan jalma-jalma nu rendah haté jeung ngajarkeun carana supaya dipikanyaah ku Gusti. Ayeuna, Yéhuwa keur nyiapkeun jutaan jalma pikeun hirup di Pirdaus. (Sepanya 2:3) Di Balé Karajaan Saksi-Saksi Yéhuwa, jalma-jalma diajar pikeun jadi salaki, pamajikan, sarta kolot nu leuwih hadé. Kolot jeung barudak ibadah babarengan sarta diajar carana meunang mangpaat tina Kitab Suci. Sadérék ogé diondang pikeun datang ka Balé Karajaan! Baca Mika 4:1-4.