Pindah kana eusi

Naha Kasangsaraan téh Bakal Aya Ahirna?

Naha Kasangsaraan téh Bakal Aya Ahirna?

Ceuk Sadérék . . .

  • aya?

  • moal?

  • teu apal?

JAWABAN KITAB SUCI

”Mantenna bakal nyusutan cipanon maranehna. Paeh, kasedih, piceurikeun, kanyeri, moal aya-aya deui.”​—Wahyu 21:4, Kitab Suci Nganggo Basa Sunda Sadidinten.

MANGPAATNA KEUR SADÉRÉK

Paham lain Gusti nu nyababkeun urang sangsara.​—Yakobus 1:13.

Kalilipur lantaran apal Gusti ngarasakeun kasusah urang.​—Jakaria 2:8.

Boga harepan yén sagala kasangsaraan bakal aya ahirna.​—Jabur 37:9-11.

KU NAON JAWABAN KITAB SUCI BISA DIPERCAYA?

Sahenteuna aya dua alesan:

  • Gusti teu resep kana kasangsaraan jeung kateuadilan. Perhatikeun kumaha parasaan Allah Yéhuwa basa umat-Na dina jaman baheula dikaniaya. Kitab Suci nyebutkeun yén Mantenna ”welaseun ngadangu maranehna sasambat teu kuat nandangan sangsara”.​—Hakim 2:18.

    Gusti ijid ka jalma-jalma nu jahat ka batur. Misalna, Kitab Suci nyebutkeun yén ”leungeun nu maehan jalma teu salah” dipikaijid ku Mantenna.​—Siloka 6:16-19.

  • Gusti nyaah ka unggal jalma. Yéhuwa ngajurung urang pikeun masrahkeun kasusah urang ka Mantenna lantaran Mantenna siap nulungan.​—1 Petrus 5:7.

    Sakeudeung deui, Yéhuwa bakal ngagunakeun Karajaana-Na pikeun mungkas sagala kasangsaraan unggal jalma. (Mateus 6:9, 10) Tapi ayeuna gé, Mantenna ngalilipur saha waé nu ngandel ka Mantenna.​—Rasul 17:27; 2 Korinta 1:3, 4.

PANANYA PIKEUN DIPIKIRKEUN

Ku naon Gusti ngantep kasangsaraan?

Jawabanana aya dina RUM 5:12 jeung 2 PETRUS 3:9.