Pindah kana eusi

ALKITAB NGAROBAH KAHIRUPAN

”Abdi Geus Teu Ngarasa Kudu Ngarobah Dunya”

”Abdi Geus Teu Ngarasa Kudu Ngarobah Dunya”
  • LAHIR TAUN: 1966

  • NAGRI ASAL: FINLANDIA

  • KASANG TUKANG: ANGGOTA TI LOBA ORGANISASI

KAHIRUPAN ABDI BAHEULA:

Ti leuleutik, abdi cinta kana alam. Lembur abdi téh di Jyväskylä, Finlandia tengah. Di ditu, loba leuweung jeung talaga nu alus pisan. Abdi sakulawarga sering ulin ka ditu. Abdi gé nyaah pisan ka sasatoan. Pas leutik mah, unggal ningali ucing jeung anjing téh mani asa hayang nangkeup! Tapi pas geus gedé, abdi keuheul pisan ningali jalma-jalma nu osok nyiksa sasatoan. Jadi, abdi ngagabung ka hiji organisasi nu merhatikeun sasatoan. Di ditu, abdi panggih jeung jalma-jalma nu sapikiran jeung abdi.

Urang sering kampanyeu pikeun ngabéla sasatoan. Urang nyebarkeun informasi jeung ngarencanakeun démo keur protés ka toko-toko nu ngajual barang tina bulu sato. Urang gé protés ka laboratorium-laboratorium nu ngajadikeun sato pikeun bahan percobaan. Terus, urang ngabentuk organisasi anyar keur ngalindungan sasatoan. Lantaran kalakuan urang osok teungteuingeun, urang jadi sering urusan jeung pamaréntah. Sababaraha kali abdi ditéwak sarta dibawa ka pangadilan.

Abdi gé hariwang ningali masalah-masalah séjén di dunya. Jadi abdi ngagabung ka organisasi-organisasi, jiga Amnesti Internasional jeung Greenpeace. Abdi bébéakan ngadukung kagiatan dina organisasi-organisasi éta. Abdi gé ngabéla hak jalma-jalma nu miskin, kalaparan, jeung kasusahan.

Lila-lila abdi sadar, abdi moal bisa ngarobah dunya. Mémang, organisasi-organisasi tadi bisa ngabéréskeun masalah-masalah anu leutik, tapi angger wéh masalah-masalah gedéna mah kalah ka beuki parah. Asana téh jiga aya kakuatan jahat nu keur ngalegleg dunya, tapi euweuh nu paduli. Abdi teu bisa nanaon.

KUMAHA ALKITAB NGAROBAH KAHIRUPAN ABDI?

Lantaran sedih jeung teu bisa nanaon, abdi mulai mikirkeun Allah jeung Alkitab. Saacanna, abdi pernah diajar Alkitab jeung Saksi-Saksi Yéhuwa. Maranéhna téh bageur jeung perhatian ka abdi. Tapi, harita abdi can siap ngarobah cara hirup abdi. Nah, ayeuna mah kaayaanna béda.

Abdi mulai maca Alkitab. Haté téh jadi asa tenang. Geuningan loba ayat nu ngajarkeun, urang teu meunang nyiksa sasatoan. Misalna, Siloka 12:10 nu nyebutkeun, ”Jelema hade mah rumawat kana pipiaraan.” (Kitab Suci Nganggo Basa Sunda Sadidinten) Abdi jadi sadar, lain Allah nu nyababkeun masalah-masalah di dunya. Masalah téh beuki parah lantaran kalolobaan jalma embung nuturkeun naséhat Allah. Abdi teu nyangka, geuningan Yéhuwa nyaah ka manusa, jeung sedih ningali masalah-masalah di dunya.​—Jabur 103:8-14.

Harita, abdi ngeusian sarta ngirimkeun kupon pikeun ménta buku Apa yang Sebenarnya Alkitab Ajarkan? Geus kitu, aya sapasang salaki pamajikan Saksi nu datang ka imah, sarta nawarkeun palajaran Alkitab. Abdi daék diajar Alkitab. Abdi gé datang ka pasamoan-pasamoan di Balé Karajaan. Bebeneran Alkitab jadi nanceb dina haté abdi.

Sanggeus diajar Alkitab, abdi bisa nyieun loba parobahan. Abdi eureun ngudud jeung teu pernah mabok deui. Abdi gé ngarawat diri sarta teu ngomong kasar deui. Terus, abdi geus henteu ngalawan pamaréntah. (Roma 13:1) Salian ti éta, abdi gé eureun ngalakukeun hal-hal nu cabul, padahal baheula mah abdi sering pisan ngalakukeun hal cabul.

Nu panghéséna téh ngarobah pandangan abdi ka organisasi nu ngabéla jalma leutik jeung sasatoan. Abdi teu bisa langsung ngarobah pandangan abdi. Mimitina mah, abdi ngarasa mun abdi kaluar ti organisasi-organisasi éta, abdi ngahianatan maranéhna. Tapi abdi beuki yakin, ngan Pamaréntahan Allah nu bisa ngarobah dunya ieu. Jadi, ayeuna abdi ngalakukeun nu abdi bisa pikeun ngadukung Pamaréntahan Allah jeung mantuan batur diajar bebeneran.​—Matius 6:33.

MANGPAATNA KEUR ABDI:

Baheula mah, abdi osok ngabédakeun jalma, nu bageur jeung nu jahat. Abdi bakal ngalawan kabéh jalma nu dianggap jahat ku abdi. Tapi, ayeuna abdi geus diajar Alkitab. Abdi jadi teu ngéwa deui ka batur, malah hayang nyaah ka kabéh jalma. (Matius 5:44) Jadi, abdi nguarkeun warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah ka jalma-jalma. Abdi resep lantaran ningali nu abdi lakukeun ayeuna téh bisa mantuan jalma-jalma supaya hirup tengtrem sarta méré harepan nu sajati ka maranéhna.

Pikiran abdi tenang lantaran abdi yakin Yéhuwa bakal ngarobah dunya. Sabagé Allah Nu Nyipta, Anjeunna moal ngantep sasatoan jeung manusa teterusan sangsara. Anjeunna gé moal cicing waé ningali bumi ancur. Liwat Pamaréntahana-Na, Allah bakal meneran kabéh karuksakan di bumi. (Yesaya 11:1-9) Abdi bener-bener bungah lantaran bisa apal kana bebeneran ieu sarta bisa mantuan batur supaya percaya kana hal ieu. Abdi geus teu ngarasa kudu ngarobah dunya.