Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 128

Tetep Tabah Nepi ka Panungtungan

Tetep Tabah Nepi ka Panungtungan

(Mateus 24:13)

  1. 1. Pangajaran ti Yéhuwa

    Sarta jangji Allah

    Nanceb kuat dina manah,

    Ngabantu urang tabah.

    Iman urang kudu kuat,

    Inget poé Yéhuwa.

    Sing teger sarta satia

    Dina nandang cocoba.

  2. 2. Kanyaah kudu dijaga

    Siga keur anyaran

    Sangkan bisa tetep tabah

    Nyanghareupan tangtangan.

    Najan cocoba narajang,

    Ulah jadi salempang.

    Yéhuwa masihan jalan

    Sarta terus nyarengan.

  3. 3. Nu tabah nepi ka ahir

    Bakal saralamet;

    Dina buku kahirupan

    Ngaranna geus kacatet.

    Mugi urang tetep tabah,

    Nepi ahir satia,

    Bakal kamanah ku Huwa

    Tur bagja salawasna.