Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 29

Hirup Ngamulyakeun Nami Ama

Hirup Ngamulyakeun Nami Ama

(Yesaya 43:10-12)

  1. 1. Yéhuwa mulya tur mahakawasa,

    Asih-Na limpah, adil jalan-Na,

    Sumber ti bebeneran sareng hikmat,

    Raja anu daulat di sawarga.

    Abdi umat Ama réla ngawula,

    Resep nguarkeun K’rajaan Ama.

    (REFREIN)

    Abdi reueus jadi Saksina Ama,

    Hirup ngamulyakeun nami Ama.

  2. 2. Abdi sadaya ngawula ka Ama,

    Ngahiji tur silih pikanyaah.

    Bebeneran tur kamulyaan Ama,

    Abdi wartakeun ka mana-mana.

    Abdi bungah gaduh hak istiméwa

    Tiasa muji Ama s’lawasna.

    (REFREIN)

    Abdi reueus jadi Saksina Ama,

    Hirup ngamulyakeun nami Ama.

(Tingali ogé Pam. 32:4; Jab. 43:3; Dan. 2:20, 21.)