Pindah kana eusi

Ku Naon Saksi-Saksi Yéhuwa Teu Narima Transfusi Getih?

Ku Naon Saksi-Saksi Yéhuwa Teu Narima Transfusi Getih?

Kasalahpahaman nu umum

 Mitos: Saksi-Saksi Yéhuwa teu percaya kana pangobatan atawa parawatan médis.

 Fakta: Urang néangan parawatan médis nu panghadéna keur kulawarga jeung urang sorangan. Lamun gering, urang indit ka dokter nu ahli kana pangobatan jeung operasi nu teu maké getih. Urang ngahargaan kamajuan dina bidang médis ieu. Sabenerna, parawatan médis nu dijieun pikeun pasién Saksi Yéhuwa, ayeuna aya mangpaatna keur loba jalma. Ku kituna, ayeuna loba pasién di loba nagri bisa nyingkahan risiko ti transfusi getih, misalna panyakit nu kabawa ku getih, réaksi sistim kekebalan tubuh, jeung kasalahan ti tim médis.

 Mitos: Saksi-Saksi Yéhuwa percaya yén ku iman wungkul gé jalma gering bisa cageur.

 Fakta: Di Saksi-Saksi Yéhuwa, euweuh ”penyembuhan mukjizat”.

 Mitos: Pangobatan nu teu maké getih téh mahal.

 Fakta: Parawatan médis nu teu maké getih teu méakkeun loba biaya. a

 Mitos: Unggal taun, loba Saksi, kaasup budak leutik, maot lantaran nolak transfusi getih.

 Fakta: Éta téh euweuh buktina. Ahli bedah sering ngalakukeun operasi nu hésé tanpa transfusi getih, saperti operasi jantung, tulang, jeung transplantasi organ. b Pasién, kaasup budak leutik, nu teu narima transfusi getih, cageurna téh sarua atawa leuwih gancang ti batan nu narima transfusi. c Jadi, euweuh nu bisa ngajamin yén pasién nu nolak getih bakal maot atawa nu narima getih bakal hirup.

Ku naon Saksi-Saksi Yéhuwa teu narima transfusi getih?

 Alesanana teu ngan saukur alesan médis, tapi alesan kapercayaan. Boh Perjangjian Lawas boh Perjangjian Anyar ngamuat larangan ngadahar getih. (Kajadian 9:4; Imamat 17:10; Pamindo 12:23; Rasul 15:28, 29) Allah mandang getih sabagé kahirupan. (Imamat 17:14) Jadi, urang teu narima getih téh lain saukur hayang taat ka Allah, tapi hayang ngajénan Mantenna sabagé Sumber kahirupan.

Pandangan nu geus barobah

Operasi-operasi nu hésé bisa suksés sanajan teu maké transfusi getih

 Baheula, para ahli médis nganggap pangobatan nu teu maké transfusi getih téh kaleuleuwihi, malahan dianggap sarua jeung maéhan manéh. Tapi ka dieunakeun, barobah. Misalna, taun 2004, artikel nu dipedalkeun dina jurnal pendidikan médis nyebutkeun yén ”loba cara pangobatan nu dijieun pikeun pasién Saksi Yéhuwa bakal jadi patokan pikeun pangobatan dina taun-taun kahareup”. d Artikel di jurnal Heart, Lung and Circulation taun 2010 nyebutkeun yén ”’operasi nu teu maké getih’ sakuduna teu digunakeun keur S[aksi]-S[aksi] Y[éhuwa] wungkul tapi jadi bagian penting tina prakték bedah unggal poé.”

 Rébuan dokter di sakuliah dunya ayeuna ngagunakeun téknik-téknik konservasi darah pikeun operasi-operasi nu hésé, ngarah teu loba getih nu kapiceun. Malahan, nagri-nagri nu can maju ogé ngagunakeun téknik-téknik ieu sarta pasiénna gé lain Saksi Yéhuwa wungkul.

a Tingali Transfusion and Apheresis Science, Jilid 33, No. 3, kaca 349.

b Tingali The Journal of Thoracic and Cardiovascular Surgery, Jilid 134, No. 2, kaca 287-288; Texas Heart Institute Journal, Jilid 38, No. 5, kaca 563; Basics of Blood Management, kaca 2; jeung Continuing Education in Anaesthesia, Critical Care & Pain, Jilid 4, No. 2, kaca 39

c Tingali The Journal of Thoracic and Cardiovascular Surgery, Jilid 89, No. 6, kaca 918; jeung Heart, Lung and Circulation, Jilid 19, kaca 658.

d Continuing Education in Anaesthesia, Critical Care & Pain, Jilid 4, No. 2, kaca 39.