Pindah kana eusi

Naha Saksi-Saksi Yéhuwa téh Kristen?

Naha Saksi-Saksi Yéhuwa téh Kristen?

 Enya. Urang téh Kristen lantaran:

  •   Urang ngupayakeun pikeun nuturkeun pangajaran jeung nyonto laku lampah Yésus Kristus.—1 Petrus 2:21.

  •   Urang yakin Yésus téh konci kasalametan, yén ”di saalam dunya teu aya deui manusa anu ku Allah dipaparin kawasa nyalametkeun, mung Yesus Kristus”.—Rasul 4:12.

  •   Waktu jadi Saksi Yéhuwa, urang dibaptis ku ngaran Yésus.—Mateus 28:18, 19.

  •   Urang nyanggakeun doa ku ngaran Yésus.—Yohanes 15:16.

  •   Urang percaya yén Yésus téh Kapala, atawa nu dilantik pikeun ngawasaan kabéh jalma.—1 Korinta 11:3.

 Tapi dina sababaraha hal, urang téh béda jeung agama-agama Kristen séjén. Contona, urang percaya yén Alkitab ngajarkeun Yésus téh Putra Allah, lain bagian tina Tritunggal. (Markus 12:29) Urang teu percaya yén jiwa téh teu bisa maot, teu percaya yén aya ayat Alkitab nu nyebutkeun manusa disiksa salilana dina naraka, jeung teu percaya yén pamingpin agama kudu dibéré gelar nu ngagulkeun maranéhna.—Pandita 9:5; Yeheskel 18:4, Terjemahan Dunia Baru; Mateus 23:8-10.