Pindah kana eusi

Naha Sadérék Kudu Jadi Saksi Yéhuwa lamun Diajar Alkitab?

Naha Sadérék Kudu Jadi Saksi Yéhuwa lamun Diajar Alkitab?

 Henteu. Sadérék teu diwajibkeun pikeun jadi Saksi-Saksi Yéhuwa. Aya jutaan jalma nu diajar Alkitab, tapi henteu jadi Saksi Yéhuwa. a Sadérék diajar téh supaya paham kana pangajaran Alkitab. Sanggeus diajar, Sadérék sorangan nu mutuskeun naon nu rék dilakukeun. Urang paham yén unggal jalma kudu mutuskeun sorangan naon kapercayaanana.​—Yosua 24:15.

Naha Sadérék bisa maké Alkitab sorangan?

 Bisa. Saksi-Saksi Yéhuwa mémang resep ngagunakeun Kitab Suci Terjemahan Dunia Baru nu aya dina loba basa, nu tarjamahanana leuwih gampang kaharti. Mun Sadérék hayang, Sadérék bakal dibéré haratis. Tapi, Sadérék gé bisa maké Alkitab sorangan. Teu sual naon tarjamahan Alkitab nu dipaké, Sadérék bisa tetep diajar ngeunaan harepan jeung kasalametan ti Alkitab.

Ku naon Saksi Yéhuwa daék ngajarkeun Alkitab ka nu embung jadi Saksi Yéhuwa?

  •   Utamana, lantaran urang nyaah ka Allah Yéhuwa. Mantenna miharep urang Kristen ngabagikeun naon nu geus diajarkeun ka maranéhna. (Mateus 22:37, 38; 28:19, 20) ”Gawe babarengan” jeung Allah pikeun mantuan batur diajar Firman Allah téh pagawéan nu panghadéna.​—1 Korinta 3:6-9.

  •   Urang ogé nyaah ka sasama. (Mateus 22:39) Urang bungah mantuan batur diajar bebeneran.​—Rasul 20:35.

a Dina taun 2023, aya 7.281.212 jalma nu diajar Alkitab unggal bulanna. Sababaraha jalma diajar babarengan dina waktu nu sarua. Tapi, ngan 269.517 jalma nu dibaptis jadi Saksi-Saksi Yéhuwa dina taun éta.