Pindah kana eusi

Kumaha Kagiatan Saksi-Saksi Yéhuwa Dibiayaan?

Kumaha Kagiatan Saksi-Saksi Yéhuwa Dibiayaan?

 Kagiatan urang utamana dibiayaan ku sumbangan sukaréla ti para Saksi Yéhuwa. a Di tempat ibadah urang disadiakeun kotak sumbangan. Cara-cara séjén pikeun nyumbang bisa ditingali dina kaca Sumbangan dina situs ieu. Dina kaca éta, urang bisa milih rék nyumbang keur pagawéan sakuliah dunya, sidang di daérah urang, atawa duanana.

 Saksi-Saksi Yéhuwa teu kudu mayar perpuluhan atawa jumlah duit nu geus ditangtukeun dumasar kana panghasilan maranéhna. (2 Korintus 9:7) Urang teu pernah ménta kolékte atawa biaya dina pasamoan, acara baptisan, pamakaman, perkawinan, atawa acara agama séjénna. Urang teu néangan duit ku cara ngajual kuéh, ngayakeun bazar, karnaval, acara amal, atawa acara-acara séjénna. Urang gé teu ménta-ménta sumbangan. Ngaran jalma nu nyumbang gé teu pernah diumumkeun. (Matius 6:2-4) Dina situs Internét jeung publikasi urang teu aya iklan pikeun ngahasilkeun duit.

 Unggal bulan dina pasamoan Saksi-Saksi Yéhuwa aya laporan ngeunaan kauangan nu ditepikeun di hareupeun umum. Aya audit rutin nu dilakukeun di unggal sidang pikeun mastikeun yén sumbangan téh digunakeun ku cara nu bener.​—2 Korintus 8:20, 21.

Cara-Cara pikeun Nyumbang

  •   Kotak sumbangan: Sadérék bisa ngasupkeun duit ka kotak sumbangan nu aya di Balé Karajaan, Balé Kongrés, atawa tempat-tempat nu dipaké pikeun acara ibadah urang.

  •   Sumbangan online: Di kalolobaan nagri, Sadérék bisa nyumbang maké kartu krédit, kartu débit, transfer éléktronik, jeung cara-cara séjénna nu aya dina kaca ”Beri Sumbangan kepada Saksi-Saksi Yehuwa”. b Aya loba Saksi nu nyieun pangaturan pikeun nyumbang sacara otomatis unggal bulanna.​—1 Korintus 16:2.

  •   Sumbangan nu direncanakeun: Aya sumbangan nu kudu bener-bener direncanakeun heula sarta/atawa dibahas heula jeung ahli hukum. Bisa jadi, di nagri Sadérék aya aturan ngeunaan pajeg nu bisa nguntungkeun. Loba nu ngarasakeun mangpaatna lantaran maranéhna geus néangan rincian ngeunaan amal nu bisa disumbangkeun salila maranéhna hirup atawa sanggeus maranéhna maot. Pikeun katerangan leuwih loba, mangga tatanya ka kantor cabang Saksi-Saksi Yéhuwa di daérah Sadérék lamun Sadérék hayang nyumbang maké:

    •   rékening bank

    •   asuransi jeung duit pénsiun

    •   properti

    •   saham jeung obligasi

    •   wasiat jeung perwalian

 Pikeun katerangan leuwih loba ngeunaan cara-cara pikeun nyumbang di daérah Sadérék, mangga tingali kaca ”Beri Sumbangan kepada Saksi-Saksi Yehuwa”.

a Aya jalma-jalma nu lain Saksi gé resep nyumbang pikeun kagiatan urang.

b Pikeun katerangan leuwih loba, tongton vidéo Cara Memberi Sumbangan Secara Elektronik.