Pindah kana eusi

Catetan di Handapeun Mesin Cuci

Catetan di Handapeun Mesin Cuci

 Sanggeus dibaptis jadi Saksi Yéhuwa, Zarina balik ti Rusia ka nagri asalna di Asia Tengah. Manéhna boga tékad pikeun ngagedékeun dua budak awéwéna sangkan boga iman ka Yéhuwa ogé. Lantaran teu boga loba duit, maranéhna mondok di apartemén kolotna nu ngan boga hiji kamar. Di ditu, maranéhna cicing bareng jeung indung bapana sarta adi lalaki jeung pamajikanana. Indung bapana ngalarang Zarina ngajarkeun bebeneran Alkitab ka barudakna. Barudakna ogé dilarang ngobrolkeun Alkitab jeung indungna.

 Zarina mikiran kumaha carana sangkan barudak awéwéna bisa diajar ngeunaan Yéhuwa. (Siloka 1:8) Jadi, manéhna ngadoa bener-bener ka Yéhuwa, nyuhunkeun bingbingan jeung hikmat. Tuluy Zarina nyieun upaya nu luyu jeung doana. Manéhna ngajak barudakna jalan-jalan bari nyaritakeun éndahna ciciptaan. Ieu ngabantu barudakna hayang kenal ka Nu Nyipta.

 Ka dieunakeun, Zarina boga hiji cara supaya bisa ngajarkeun Alkitab leuwih loba ka barudakna maké buku Naon nu Diajarkeun Kitab Suci? Manéhna nyalin eusi paragrap jeung pananya dina buku éta kana potongan-potongan kertas. Manéhna ogé ngajelaskeun ku sababaraha kalimah dina kertas sangkan barudakna leuwih ngarti. Tuluy kertas-kertas éta disumputkeun di handapeun mesin cuci di kamar mandi jeung patlotna. Jadi lamun barudakna keur di kamar mandi, maranéhna bisa maca kertas-kertas éta jeung nuliskeun jawabanana.

 Ku cara ieu, Zarina bisa ngabahas dua pasal tina buku Diajar Kitab Suci jeung dua budakna saacan maranéhna bisa pindah ka imah séjén. Di ditu mah Zarina bébas ngajar barudakna. Dina bulan Oktober 2016, dua budak awéwéna dibaptis. Maranéhna bungah pisan lantaran indungna bijaksana dina ngajarkeun bebeneran Alkitab ka maranéhna.