Pindah kana eusi

Naha Yésus Ngan Saukur Jalma Bageur?

Naha Yésus Ngan Saukur Jalma Bageur?

Jawaban Alkitab

 Yésus téh teu ngan saukur jalma bageur. Anjeunna kabukti jadi jelema nu paling gedé pangaruhna sapanjang sajarah umat manusa. Perhatikeun kumaha koméntar para ahli sajarah nu kasohor jeung jalma-jalma nu nulis buku ngeunaan anjeunna:

 ”Yésus ti Nasarét . . . téh tokoh nu paling gedé pangaruhna sapanjang sajarah.”—H. G. Wells, ahli sajarah ti Inggris.

 ”Ti kabéh manusa nu pernah hirup di ieu planét, [Yésus] nu paling gedé pangaruhna jeung pangaruhna téh beuki gedé ayeuna.”—Kenneth Scott Latourette, ahli sajarah ti Amerika nu nulis buku ogé.

 Alkitab ngajelaskeun ku naon Yésus leuwih gedé pangaruhna ti batan jalma bageur mana waé nu pernah hirup. Waktu Yésus hayang nyaho pandangan murid-muridna ngeunaan saha anjeunna, salah sahijina ngajawab, ”Bapa teh Kristus, Jurusalamet, Putra Allah nu jumeneng.”—Mateus 16:16.