Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 04

Saha Allah nu Sajati téh?

Saha Allah nu Sajati téh?

Sapanjang sajarah, jalma-jalma nyembah ka allah nu béda-béda jeung ka déwa-déwa. Tapi ceuk Alkitab, aya hiji Allah nu ”agung-Na punjul ti allah-allah sanes”. (2 Babad 2:5) Saha éta téh? Jeung ku naon Anjeunna leuwih agung tibatan allah-allah séjénna? Dina bab ieu, urang bakal ngabahas yén Allah nu sajati éta téh hayang urang kenal ka Anjeunna.

1. Saha nami Allah téh, jeung naon buktina Allah hayang urang apal kana nami-Na?

Dina Alkitab, Allah méré nyaho nami-Na ka urang. Anjeunna nyebutkeun, ”Kami téh Yéhuwa. Éta nami Kami.” (Yesaya 42:5, 8, Terjemahan Dunia Baru [NW]) Nami ”Yéhuwa” téh dicokot tina basa Ibrani nu hartina ”Anjeunna nu Ngawujudkeun”. Yéhuwa hayang urang apal nami-Na. (Budalan 3:15, NW) Naon buktina? Dina Alkitab, nami Yéhuwa dicatet leuwih ti 7.000 kali! a Yéhuwa téh nami ti ”Allah sajati nu ngan hiji” nu ngawasa di sorga jeung di bumi.​—Yahya 17:3.

2. Naon nu dicaritakeun ku Alkitab ngeunaan Yéhuwa?

Ceuk Alkitab, di antara allah-allah nu disembah ku manusa, Yéhuwa téh hiji-hijina Allah nu sajati. Ku naon? Aya sababaraha alesanana. Misalna, Anjeunna téh ”murbeng sakuliah jagat”, atawa boga kadudukan nu pangluhurna. (Baca Jabur 83:19.) Anjeunna gé ”Nu Mahakawasa”. Éta hartina Anjeunna bisa ngalakukeun naon waé nu dipikahayang ku Anjeunna. Terus, Yéhuwa téh nu ”nyiptakeun sagalana”, kaasup jagat raya jeung sakabéh kahirupan nu aya di bumi. (Wahyu 4:8, 11) Ti baheula kénéh, Yéhuwa geus aya. Ayeuna, Yéhuwa masih aya. Ka hareupna, Yéhuwa gé bakal terus aya. (Jabur 90:2) Teu aya allah séjén nu jiga kitu.

HAYU NGULIK

Perhatikeun naon bédana nami jeung sebutan-sebutan keur Allah. Geus kitu, perhatikeun kumaha carana Allah méré nyaho nami-Na ka anjeun jeung ku naon Allah hayang anjeun nyaho nami-Na.

3. Allah boga loba sebutan, tapi nami-Na mah ngan hiji

Pikeun ningali bédana nami jeung sebutan, setél VIDÉO, terus bahas:

  • Naon bédana nami jeung gelar?

Alkitab nyaritakeun, jalma-jalma nyembah ka déwa-déwa jeung ka pangéran-pangéran. Baca Jabur 136:1-3, b terus bahas:

  • Saha ”Allahna sagala allah” téh?

4. Yéhuwa hayang anjeun apal jeung nyebutkeun nami-Na

Naon buktina Yéhuwa hayang anjeun apal kana nami-Na? Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Ceuk anjeun, Yéhuwa hayang anjeun apal kana nami-Na teu? Ku naon?

Yéhuwa hayang jalma-jalma nyebutkeun nami-Na. Baca Roma 10:13, terus bahas:

  • Nyebutkeun nami Yéhuwa téh penting teu?

  • Mun batur inget jeung manggil ngaran anjeun, kumaha parasaan anjeun?

  • Mun anjeun nyebutkeun nami Yéhuwa, kira-kira kumaha parasaan Anjeunna?

5. Yéhuwa hayang urang ngadeukeutkeun diri ka Anjeunna

Saurang awéwé ti Kamboja, nu ngaranna Soten, ngarasa senang pisan lantaran apal saha nami Allah. Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Kumaha parasaan Soten sanggeus apal saha nami Allah?

Saacan anjeun nyobat jeung batur, anjeun kudu apal heula saha ngaranna. Baca Yakobus 4:8a, terus bahas:

  • Yéhuwa hayang anjeun kumaha?

  • Lamun anjeun apal jeung nyebutkeun nami Allah, na anjeun bisa leuwih deukeut jeung Anjeunna? Ku naon?

AYA NU NGOMONG: ”Pan Allah téh ngan hiji, jadi rék disebut naon gé teu masalah.”

  • Na anjeun percaya nami Allah téh Yéhuwa?

  • Kumaha carana anjeun ngajelaskeun ka batur yén Allah téh hayang urang nyebutkeun nami-Na?

INTI BAB

Allah nu sajati téh nami-Na Yéhuwa. Anjeunna hayang urang apal jeung nyebutkeun nami-Na. Ku naon? Supaya urang bisa ngadeukeutkeun diri ka Anjeunna.

Nu geus dibahas

  • Naon bédana Yéhuwa jeung allah-allah séjénna?

  • Ku naon urang kudu nyebutkeun nami Allah?

  • Naon buktina Yéhuwa hayang urang ngadeukeutkeun diri ka Anjeunna?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Tingali lima hal nu ngabuktikeun Allah téh aya.

”Na Allah téh Aya?” (Artikel dina jw.org)

Naon buktina Allah téh ti baheula geus aya, ayeuna aya kénéh, jeung bakal aya saterusna?

”Saha nu Nyiptakeun Gusti Allah?” (Warta Hadé 1 Agustus 2014)

Ku naon urang kudu nyebutkeun nami Allah sanajan geus teu aya nu nyaho kumaha cara nyebutkeun nami-Na?

”Saha Yéhuwa téh?” (Artikel dina jw.org)

Na nyebutkeun nami Allah téh penting? Enya kitu Allah nu sajati téh boga nami?

”Aya Sabaraha Loba Nami Gusti Allah téh?” (Artikel dina jw.org)

a Mun hayang apal leuwih loba ngeunaan harti nami Allah jeung ku naon éta dileungitkeun dina sababaraha tarjamahan Alkitab, mangga tingali Lampiran A4 dina Kitab Suci Terjemahan Dunia Baru.

b Jabur 136:1-3 (NW): ”Ucapkeun sukur ka Yéhuwa, sabab Anjeunna bageur; Asih-Na langgeng. Ucapkeun sukur ka Allahna sagala allah, sabab asih-Na langgeng. Ucapkeun sukur ka Gustina sagala gusti, sabab asih-Na langgeng.”