Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

SUMBANGAN SADÉRÉK DIPAKÉ KEUR NAON WAÉ?

Kotak Leutik nu Nyadiakeun Kadaharan Rohani

Kotak Leutik nu Nyadiakeun Kadaharan Rohani

1 SÉPTÉMBER 2020

 Ayeuna, Saksi-Saksi Yéhuwa narima loba kadaharan rohani dina bentuk éléktronik. Tapi di sababaraha nagri mah, loba sadérék urang teu bisa meuli kuota Internét ku sabab mahal pisan. Aya ogé sadérék-sadérék nu cicingna di tempat nu hésé sinyal, konéksina laun, atawa malah euweuh Internét.

 Tapi, ayeuna sadérék-sadérék urang bisa nga-download publikasi éléktronik sanajan euweuh konéksi Internét! Kumaha carana?

 JW Box téh alat leutik nu disadiakeun keur sidang-sidang nu hésé meunangkeun konéksi Internét. Di jerona, aya alat nu dibeuli ti hiji pausahaan, program nu dijieun ku Departemén Komputer di Bétel, jeung publikasi éléktronik sarta vidéo nu aya dina jw.org. Harga hiji JW Box téh kira-kira sajuta rupiah.

 Di Balé Karajaan, sadérék-sadérék bisa nga-download publikasi jeung vidéo-vidéo ku cara ngahubungkeun alat éléktronikna ka JW Box. Malah, alat éléktronik nu geus heubeul atawa nu murah gé bisa dihubungkeun ka alat ieu. Tapi lamun di daérah sidangna téh euweuh konéksi Internét, kumaha sadérék-sadérék bisa meunangkeun publikasi-publikasi nu panganyarna? Kantor cabang bakal rutin ngirimkeun flash disk nu eusina bahan-bahan anyar ti jw.org nu bisa diasupkeun ka JW Box. Hiji flash disk téh hargana kira-kira 60 rébu rupiah.

 Kumaha dulur-dulur urang ngarasakeun mangpaat ti JW Box? Saurang bapa nu cicing di Republik Demokratik Kongo, nu ngaranna Nathan Adruandra nyaritakeun kieu, ”Abdi geus mangkali-kali nyobaan nga-download drama ’Oh Yehuwa, Kepada-Mu Aku Percaya’ jeung Ingat Istri Lot, tapi gagal waé. Abdi jadi leutik haté. Ayeuna abdi bisa nga-download vidéo-vidéo éta di HP abdi. Vidéo-vidéo éta ngabantu abdi dina ngajar barudak.”

 Saurang sadérék pameget nu ngabantu masang JW Box di sidang-sidang di Nigeria nyaritakeun kieu, ”Keur sadérék-sadérék, JW Box téh hadiah nu istiméwa ti Yéhuwa. Maranéhna bungah pisan lantaran ayeuna mah leuwih gampang mun rék nga-download publikasi jeung vidéo-vidéo nu aya dina Alat Bantu Pengajaran.”

 Ayeuna, aya 1.700 alat nu geus dikirimkeun ka sadérék-sadérék urang di Afrika, Oseania, jeung Amerika Selatan. Terus rencanana, aya loba JW Box nu bakal dikirimkeun ka sidang-sidang. Kumaha kagiatan ieu dibiayaan? Ku sumbangan keur pagawéan di sakuliah dunya nu lobana dibikeun liwat situs donate.dan124.com. Hatur nuhun keur sumbangan Sadérék.