Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

SUMBANGAN SADÉRÉK DIPAKÉ KEUR NAON WAÉ?

Nu Leuwih Nutupan nu Kurang

Nu Leuwih Nutupan nu Kurang

1 OKTOBER 2020

 Saksi-Saksi Yéhuwa téh méré bantuan rohani jeung kamanusaan ka jalma-jalma di leuwih ti 200 nagri. Tapi, ngan aya kira-kira 35 nagri nu meunang cukup sumbangan keur nutupan biaya wilayahna sorangan. Kumaha Saksi-Saksi Yéhuwa bisa nutupan biaya kagiatan di nagri-nagri nu kaayaan ékonomina hésé?

 Badan Pingpinan merhatikeun naon waé nu dibutuhkeun para Saksi di sakuliah dunya supaya bisa ibadah ka Yéhuwa jeung nguarkeun warta hadé. Dana sumbangan téh diitung jeung digunakeun ku cara nu bener. Lamun hiji daérah narima sumbangan leuwih ti nu dibutuhkeun, sésa sumbanganana dikirimkeun ka daérah nu keur ngabutuhkeun. Pangaturan ieu téh nyonto urang Kristen abad kahiji nu silih mantuan, supaya sumbanganana ”dibagi rata”. (2 Korintus 8:14) Maranéhna ngagunakeun sumbangan nu leuwih pikeun ngabantu sadérék-sadérék séjen nu keur kakurangan.

 Kumaha parasaan sadérék-sadérék nu narima sumbangan ti daérah séjén? Contona, kalolobaan jalma di Tanzania ngan boga duit teu leuwih ti tilu puluh rébu rupiah unggal poéna. Jadi sumbangan ti daérah séjén téh dipaké keur ngoméan Balé Karajaan nu dipake ku Sidang Mafinga. Sadérék-sadérék di sidang éta nulis, ”Sanggeus dioméan, beuki loba jalma datang ka pasamoan! Urang nganuhunkeun pisan ka organisasi Yéhuwa jeung sadérék-sadérék nu béréhan di sakuliah dunya. Ku kahadéan maranéhna, urang bisa boga tempat ibadah nu éndah pisan.”

 Sadérék-sadérék di Sri Lanka teu barogaeun dahareun lantaran aya pandémi COVID-19. Salah sahijina téh Imara Fernando jeung budakna, Enosh. Tapi, ku lantaran sumbangan ti nagri-nagri séjén, maranéhna jadi narima bantuan nu diperlukeun. Maranéhna nyieun kartu ucapan jeung nulis, ”Nuhun pisan sadérék-sadérék nu geus némbongkeun kanyaahna salila kaayaan nu susah ieu. Urang bungah pisan boga kulawarga di sakuliah dunya. Urang ngadoakeun, mugia Yéhuwa terus ngabantuan kabéh sadérék salila poé-poé panungtungan.”

Imara jeung Enosh Fernando

 Teu sual cicing dimana, sadérék-sadérék urang daék ngabagikeun pangabogana. Contona, Enosh nyieun céléngan supaya bisa nyumbang keur sadérék-sadérék nu ngabutuhkeun. Éta gé dilakukeun ku Guadalupe Álvarez nu sumanget dina méré sumbangan. Manéhna cicing di hiji daérah di Méksiko nu panghasilan jalma-jalmana saeutik, atawa kadang mah euweuh panghasilan. Sanajan kitu manéhna tetep ngupayakeun méré sumbangan. Manéhna nulis, ”Abdi nganuhunkeun pisan kana kahadéan jeung asih Yéhuwa nu satia. Abdi apal, sumbangan abdi bakal dikirimkeun ka sadérék-sadérék abdi nu ngabutuhkeun.”

 Kantor-kantor cabang téh pasti resep pisan mantuan nagri-nagri nu ngabutuhkeun. Anthony Carvalho nu ngawula di Kantor Cabang Brazil nyebutkeun, ”Salila mangtaun-taun, kagiatan di nagri urang téh didukung ku sumbangan ti nagri séjén. Ku lantaran dukungan ieu, urang ningali kamajuan nu luar biasa di nagri ieu. Kaayaan urang ayeuna geus leuwih alus, urang geus bisa mantuan batur. Sadérék-sadérék urang di Brazil jadi apal, pagawéan urang téh dilakukeun di sakuliah dunya. Maranéhna gé jadi paham yén maranéhna perlu réla nyieun pangorbanan.”

 Kumaha Saksi-Saksi Yéhuwa bisa mantuan sadérék-sadérék nu keur ngabutuhkeun? Carana téh lain ku ngirimkeun duitna langsung ka kantor cabang di nagri séjén, tapi ku méré sumbangan keur pagawéan di sakuliah dunya. Anjeun bisa ngasupkeun sumbangan ka kotak nu aya tulisan ”Pagawéan Sakuliah Dunya”, atawa ka situs Internét donate.dan124.com. Urang ngahargaan bisa sumbangan aranjeun.