Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

SUMBANGAN SADÉRÉK DIPAKÉ KEUR NAON WAÉ?

Titik-Titik anu Ngarobah Kahirupan

Titik-Titik anu Ngarobah Kahirupan

1 OKTOBER 2021

 Menara Pengawal 1 Juni 1912 nyebutkeun, ”Loba jalma anu maca publikasi urang téh boga kenalan jalma-jalma anu lolong. Maranéhna bisa meunangkeun publikasi gratis anu dicitak dina hurup Braille. Hurup-hurupna téh mangrupa titik-titik nu nonjol, jadi jalma-jalma anu lolong gé bisa maca publikasina. Loba jalma nu lolong bungah waktu nyaho yén dina mangsa ka hareup bakal aya berkah-berkah anu luar biasa.”

 Waktu majalah éta ditulis, nagri-nagri anu ngagunakeun basa Inggris masih maké sistim hurup Braille anu béda-béda. Sanajan kitu, harita Saksi-Saksi Yéhuwa geus nyieun Alkitab dina hurup Braille. Nepi ka ayeuna, urang masih ngalakukeun hal éta! Ayeuna, publikasi urang dina hurup Braille geus aya dina leuwih ti 50 basa. Kumaha publikasi-publikasi éta dijieun?

Dina hiji hurup Braille téh aya hiji nepi ka genep titik nu nonjol. Titik-titik éta disusun dina genep kotak leutik nu disebut sél Braille

Ngarobah Hurup Biasa ka Hurup Braille jeung Dicitak

 Pikeun nyieun publikasi dina hurup Braille, nu mimiti kudu dilakukeun téh nyaéta ngarobah hurup biasa ka hurup Braille. Michael Millen nu ngawula di Layanan Pengolahan Teks di Patterson New York ngomong, ”Baheula mah urang maké hiji program anu dijieun ku pausahaan séjén pikeun ngarobah hurup biasa ti hiji basa ka hurup Braille. Tapi, program éta teu bisa digunakeun keur kabéh basa. Ayeuna mah, urang maké Sistem Penerjamahan Menara Pengawal (Watchtower Transalation System). Nah, program ieu téh bisa ngarobah hurup-hurup ti ampir kabéh basa di dunya ka hurup Braille. Pasti teu aya program séjén nu jiga kieu.”

 Dina publikasi hurup Braille, aya ogé katerangan gambarna. Misalna, dina buku Hirup Bagja Salilana! aya katerangan gambar nu nyebutkeun, ”Aya saurang lalaki leumpang. Di gigireunana, aya gunung, kembang jeung pepelakan anu éndah.” Jamshed, saurang palayan sidang sakaligus panaratas anu lolong ngomong kieu, ”Katerangan gambarna téh meni ngageuing haté pisan.”

 Sanggeus hurup-hurupna dirobah ka hurup Braille, fail-na dikirim ka kantor-kantor cabang anu bisa nyitak publikasi dina hurup Braille. Hurup Braille bakal dicitak dina kertas anu alus. Kertasna moal soék waktu hurup-hurup Braille dicitak. Salian ti éta, kertas ieu gé awét. Jadi, hurup-hurupna bakal terus nonjol sanajan geus lila dipakéna. Terus, kertas-kertas tadi dihijikeun jeung dijilid. Geus kitu, éta dikirim bareng jeung publikasi-publikasi séjénna ka sidang, atawa dikirim liwat kantor pos. Mun perlu, kantor cabang gé bisa ngagunakeun jasa kirim éksprés supaya sadérék-sadérék anu lolong atawa anu hésé ningali bisa meunangkeun publikasina jeung bisa ngagunakeunana dina pasamoan.

 Butuh loba waktu jeung biaya anu gedé pikeun nyitak publikasi dina hurup Braille. Sabagé babandingan, waktu anu dibutuhkeun pikeun nyitak 50.000 Alkitab biasa di percitakan Wallkill, New York téh, sarua jeung waktu nu dibutuhkeun pikeun nyitak 2 Alkitab dina hurup Braille. Bahan-bahan pikeun nyieun Alkitab dina hurup Braille téh 123 kali leuwih mahal tibatan bahan-bahan pikeun nyieun Alkitab biasa. Aya 25 jilid buku dina unggal Alkitab Braille basa Inggris. Sampul-sampulna hungkul gé méakkeun biaya kira-kira 150 dolar AS (kira-kira dua juta rupiah)!

Aya 25 jilid buku dina Alkitab Terjemahan Dunia Baru édisi Braille basa Inggris!

 Kumaha parasaan sadérék-sadérék anu nyieun publikasi dina hurup Braille? Nadia anu ngawula di kantor cabang Afrika Selatan ngomong, ”Sadérék-sadérék urang anu lolong atawa anu hésé ningali téh hirupna teu gampang. Jadi, abdi bungah mun bisa ngabantu maranéhna. Ieu téh bukti yén Yéhuwa nyaah pisan ka maranéhna.”

Diajar Hurup Braille

 Kumaha mun jalma nu lolong teu bisa maca hurup Braille? Sababaraha taun ka pungkur, urang medalkeun buku Diajar Hurup Braille (Learn to Read Braille). Buku ieu téh ngamuat hurup-hurup Braille sakaligus hurup biasa. Buku ieu dirancang supaya bisa dibaca ku nu lolong jeung nu henteu. Di jerona gé geus aya alat tulis hurup Braille. Jadi, nu diajar téh bisa nyobaan nulis hurup Braille. Lamun maranéhna sering latihan, maranéhna bakal leuwih gampang ngapalkeun hurup-hurupna.

”Abdi Teu Bisa Eureun Maca”

 Naon mangpaat publikasi dina hurup Braille keur sadérék-sadérék nu lolong jeung nu hésé ningali? Perhatikeun pangalaman Ernst nu cicing di Haiti. Manéhna téh teu boga publikasi dina hurup Braille, tapi manéhna terus masamoan. Jadi waktu meunang tugas di pasamoan atawa rék méré koméntar, daék teu daék manéhna kudu ngapalkeun naon anu rék ditepikeun. Tapi ayeuna mah béda. Ceuk manéhna, ”Ayeuna mah, abdi bisa ngacung jeung méré koméntar iraha waé. Abdi ngarasa jadi bagian ti sidang. Abdi narima dahareun rohani nu sarua siga sadérék-sadérék séjén!”

 Sadérék Jan téh saurang kokolot ti Austria anu sok mandu Palajaran Warta Hadé jeung Palajaran Alkitab Sidang. Manéhna hésé ningali. Ceuk manéhna, ”Publikasi dina hurup Braille urang téh jauh leuwih jelas tibatan publikasi hurup Braille séjén nu pernah dibaca ku abdi. Misalna, dina publikasi urang téh dituliskeun kaca sabaraha, aya catetan handapna nu gampang dibaca, jeung aya katerangan gambarna.”

 Seon-ok téh saurang panaratas di Korea Selatan anu lolong jeung torék. Baheula, mun masamoan téh manéhna kudu dibantuan ku sadérék séjén supaya bisa ngarti naon nu keur dibahas. Tapi, ayeuna manéhna bisa maca sorangan publikasi-publikasi urang anu aya dina hurup Braille. Ceuk manéhna, ”Publikasi dina hurup Braille anu séjén mah hésé dibacana, lantaran titik-titikna sok leungit, garisna teu lempeng, atawa kertasna ipis teuing. Tapi, kertas nu dipaké ku Saksi Yéhuwa mah kualitasna alus, jeung titik-titikna gé leuwih jelas. Jadi, abdi leuwih gampang macana. Baheula, mun rék maca publikasi téh abdi kudu dibantuan ku batur, tapi ayeuna abdi bisa maca sorangan. Abdi bungah lantaran bisa persiapan pikeun pasamoan jeung bisa méré koméntar. Abdi geus maca kabéh publikasi urang anu aya dina hurup Braille. Abdi teu bisa eureun maca publikasi-publikasi éta.”

 Siga publikasi urang anu séjénna, dina publikasi hurup Braille gé aya katerangan, ”Publikasi ieu teu dijualbeulikeun, tapi disadiakeun pikeun pendidikan Kitab Suci di sakuliah dunya nu ditunjang ku sumbangan sukaréla.” Sadérék-sadérék, hatur nuhun geus nyumbang liwat donate.dan124.com. Ku ayana sumbangan ti Sadérék, urang jadi boga dahareun rohani pikeun kabéh jalma, kaasup jalma nu lolong jeung nu hésé ningali.