Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 27

”Boga Harepan ka Allah”

”Boga Harepan ka Allah”

”Boga harepan ka Allah.”​—1 TIM. 4:10.

KAWIH 128 Tetep Tabah Nepi ka Panungtungan

NU DIBAHAS *

1. (a) Yéhuwa méré harepan naon ka urang? (b) Naon hartina ”boga harepan ka Allah”?

 YÉHUWA méré harepan nu éndah ka jalma-jalma nu nyaah ka Anjeunna. Sakeudeung deui, Anjeunna bakal nyingkirkeun panyakit, kasedih, sarta maot. (Why. 21:3, 4) Yéhuwa bakal nulungan jalma-jalma ”sarareh budi” nu ngadago-dago Anjeunna ngarobah bumi ieu jadi pirdaus. (Jab. 37:9-11) Salian ti éta, hubungan urang jeung Yéhuwa gé bisa jauh leuwih akrab tibatan ayeuna. Éta téh harepan nu éndah pisan! Tapi, ku naon urang bisa percaya yén jangji-jangji Yéhuwa ieu bakal ngawujud? Yéhuwa teu pernah jalir jangji. Jadi urang bisa ”boga harepan ka Allah”. (1 Tim. 4:10) Jadi lamun urang boga harepan atawa miharep ka Yéhuwa, urang pasti bakal sabar ngadagoan jangji-jangji Yéhuwa ieu ngawujud.​—Yes. 55:10, 11.

2. Naon nu geus dilakukeun ku Yéhuwa?

2 Yéhuwa téh geus ngabuktikeun yén Anjeunna terus nedunan jangji-Na. Pék perhatikeun salah sahiji contona. Dina buku Wahyu, Yéhuwa jangji yén dina jaman ayeuna, Anjeunna bakal ngumpulkeun jalma-jalma ti sagala bangsa, kaom, jeung basa kana ibadah murni. Jalma-jalma éta disebut ”sakumpulan jalma nu kacida lobana”. (Why. 7:9, 10) Maranéhna téh lalaki, awéwé, jeung barudak. Maranéhna gé ti rupa-rupa suku bangsa, basa, jeung kasang tukang. Najan kitu, maranéhna bisa ngahiji. (Jab. 133:1; Yah. 10:16) Sakumpulan jalma nu kacida lobana ieu téh pawarta nu getol pisan. Maranéhna osok ngabagikeun harepanana ngeunaan dunya nu éndah ka saha waé. (Mat. 28:19, 20; Why. 14:6, 7; 22:17) Urang nu kaasup ti sakumpulan jalma nu kacida lobana pasti ngahargaan pisan harepan ieu.

3. Naon nu dipikahayang ku Sétan?

3 Si Iblis téh hayang ngarampas harepan Sadérék. Manéhna hayang Sadérék percaya yén Yéhuwa teu nyaah ka Sadérék sarta Anjeunna moal nedunan jangji-Na. Lamun urang geus kaleungitan harepan, urang bisa jadi sieun, malahan mah nepi ka eureun ngawula Yéhuwa. Urang bakal ngabahas kumaha Iblis hayang ngancurkeun harepan Ayub sarta nyieun manéhna eureun ngawula Yéhuwa.

4. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas naon? (Ayub 1:9-12)

4 Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas siasat naon nu digunakeun ku Sétan pikeun ngancurkeun kasatiaan Ayub. (Baca Ayub 1:9-12.) Urang gé bakal ngabahas naon nu bisa dipiconto ti Ayub, ku naon urang kudu yakin yén Yéhuwa téh nyaah ka urang sarta bakal ngawujudkeun jangji-Na.

SÉTAN HAYANG NGARAMPAS HAREPAN AYUB

5-6. Naon nu kaalaman ku Ayub?

5 Kahirupan Ayub téh geus ngeunah. Manéhna akrab jeung Yéhuwa. Manéhna boga kulawarga nu gedé jeung bagja. Manéhna gé beunghar pisan. (Ayub 1:1-5) Tapi ngan dina sapoé, Ayub kaleungitan sagalana. Mimitina, manéhna kaleungitan harta bandana. (Ayub 1:13-17) Terus, anak-anak nu dipikanyaahna gé maraot. Pék pikirkeun kaayaanana. Lamun aya salah sahiji budakna nu maot, kolot téh pasti sedih pisan. Tapi, Ayub jeung pamajikanana kaleungitan sapuluh budakna sakaligus. Maranéhna pasti reuwas jeung ancur haténa. Teu héran, Ayub nepi ka nyoékkeun bajuna jeung labuh kana taneuh!​—Ayub 1:18-20.

6 Geus kitu, Sétan méré panyakit nu pikaéraeun. (Ayub 2:6-8; 7:5) Baheula mah Ayub téh dipikahormat ku jalma-jalma di sakurilingna. Maranéhna sok datang ménta naséhat ka Ayub. (Ayub 31:16-18) Tapi ayeuna, maranéhna embung panggih deui jeung Ayub. Ayub téh ditinggalkeun ku dulur-dulurna, sobat-sobatna, malah ku palayan-palayanna ogé!​—Ayub 19:13, 14, 16.

Loba Saksi Yéhuwa di jaman ayeuna bisa ngarti kana parasaan Ayub (Tingali paragrap 7) *

7. (a) Ceuk pamikir Ayub, naon nu nyababkeun manéhna sangsara, tapi Ayub embung ngalakukeun naon? (b) Siga dina gambar, kumaha tangtangan nu disanghareupan ku urang Kristen bisa disaruakeun siga tangtangan nu disanghareupan ku Ayub jeung pamajikanana?

7 Sétan hayang Ayub percaya yén manéhna sangsara lantaran geus teu dipikaresep deui ku Yéhuwa. Misalna, Sétan ngadatangkeun angin ribut pikeun ngancurkeun hiji imah, tempat anak-anakna Ayub keur ngarumpul sarta dahar bareng. (Ayub 1:18, 19) Manéhna gé nurunkeun seuneu ti langit. Harita nu dipaéhan téh lain domba-dombana hungkul, tapi pangangon-pangangonna gé milu dipaéhan. (Ayub 1:16) Lantaran angin ribut jeung seuneu téh diturunkeun ti langit, Ayub mikir yén Yéhuwa nu nyababkeunana. Akibatna, Ayub percaya yén manéhna geus nguciwakeun Yéhuwa. Najan kitu, Ayub embung ngutuk Bapana nu di sorga. Ayub apal, salila mangtaun-taun Yéhuwa téh geus méré loba berkah ka manéhna. Jadi manéhna mikir, lamun manéhna daék narima nu hadé, manéhna gé kudu daék narima nu goréng. Ayub ngomong, ”Mugi Pajenengana-Na tetep dijungjung.” (Ayub 1:20, 21; 2:10) Sanajan Ayub téh kaleungitan harta bandana, anak-anakna, sarta meunang panyakit, manéhna tetep satia ka Yéhuwa. Tapi, masih aya kénéh nu dilakukeun ku Sétan.

8. Siasat naon deui nu digunakeun ku Sétan?

8 Sétan ngagunakeun hiji siasat deui keur Ayub. Manéhna ngagunakeun tilu sobat palsu supaya Ayub leutik haté. Jalma-jalma ieu méré nyaho yén musibat nu kaalaman ku Ayub téh lantaran Ayub geus nyieun loba kasalahan. (Ayub 22:5-9) Maranéhna gé hayang ngayakinkeun Ayub, sanajan manéhna teu nyieun salah gé, ibadah Ayub ka Yéhuwa téh euweuh hartina. (Ayub 4:18; 22:1-3; 25:4) Maranéhna hayang Ayub mikir yén Yéhuwa téh teu nyaah, teu paduli, jeung teu ngahargaan ibadahna. Kekecapan maranéhna bisa nyieun Ayub kaleungitan harepanana.

9. Ku naon Ayub bisa wani jeung tetep tabah?

9 Pék bayangkeun kaayaanana. Harita Ayub téh keur diuk dina taneuh, bari ngarasakeun kanyeri nu luar biasa ku lantaran panyakitna. (Ayub 2:8) Geus kitu, babaturanana ngomong yén Ayub téh lain jalma nu hadé sarta sagala nu geus dilakukeunana euweuh gunana. Pasti ieu téh beurat pisan keur Ayub, jaba deui manéhna téh keur sedih pisan lantaran kaleungitan kabéh anakna. Mimitina Ayub cicing waé. (Ayub 2:13–3:1) Meureun babaturanana ieu mikir Ayub téh bakal ninggalkeun Yéhuwa, tapi maranéhna salah. Bisa jadi, Ayub ngalieuk ka babaturanana jeung ngomong kieu, ”Nepi ka paéh gé kuring moal ngaleupaskeun kasatiaan kuring!” (Ayub 27:5, Terjemahan Dunia Baru) Ku naon Ayub bisa wani jeung tetep tabah nyanghareupan kasusahna? Najan manéhna keur leutik haté pisan, manéhna terus miharep ka Allah. Ayub percaya yén Allah nu nyaahan bakal mantuan manéhna. Manéhna gé nyaho, sanajan manéhna paéh, Yéhuwa bakal ngahirupkeun deui manéhna.​—Ayub 14:13-15.

KUMAHA URANG BISA NYONTO AYUB?

10. Kisah ngeunaan Ayub téh ngajarkeun naon?

10 Kisah ngeunaan Ayub ngajarkeun urang yén Sétan teu bisa maksa urang pikeun ninggalkeun Yéhuwa. Yéhuwa gé apal kana sagala kaayaan urang. Kisah Ayub gé ngabantu urang leuwih ngarti kana kajadian nu sabenerna. Hayu urang tingali, urang bisa diajar naon waé ti Ayub.

11. Lamun urang terus percaya ka Yéhuwa, urang bisa yakin kana hal naon? (Yakobus 4:7)

11 Ayub geus ngabuktikeun, lamun urang terus percaya ka Yéhuwa, urang pasti bisa nyanghareupan kabéh tangtangan jeung ngalawan Sétan. Terus, naon hasilna? Alkitab ngayakinkeun urang yén si Iblis téh bakal kabur ti urang.​—Baca Yakobus 4:7.

12. Kumaha harepan ngeunaan dihirupkeunana deui jalma nu geus maot bisa nguatkeun Ayub?

12 Urang kudu bener-bener yakin kana harepan ngeunaan dihirupkeunana deui jalma nu geus maot. Dina artikel saacanna, disebutkeun yén Sétan osok ngamangpaatkeun kasieun urang kana maot supaya urang ngaleupaskeun kasatiaan urang. Waktu méré cocoba ka Ayub, Sétan ngomong yén Ayub bakal ngalakukeun sagalana, malah ngaleupaskeun kasatiaanana demi nyalametkeun nyawana. Tapi, Sétan téh salah. Sanajan Ayub ngarasa yén manéhna téréh paéh, manéhna tetep satia ka Yéhuwa. Manéhna yakin kana kahadéan Yéhuwa jeung percaya yén Yéhuwa bakal menerkeun kaayaanana. Éta nu ngabantu manéhna tetep satia. Ayub yakin, saupama Yéhuwa teu ngabantu manéhna basa éta kénéh, Yéhuwa bakal ngahirupkeun deui manéhna di mangsa ka hareup. Ayub yakin pisan kana harepan ieu. Lamun urang ogé yakin pisan kana harepan ieu, urang moal ngaleupaskeun kasatiaan urang sanajan nyawa urang kaancam.

13. Ku naon urang kudu apal kana siasat nu digunakeun ku Sétan ka Ayub?

13 Urang kudu apal kana siasat nu digunakeun ku Sétan ka Ayub, lantaran ayeuna Sétan gé ngagunakeun siasat nu sarua ka urang. Perhatikeun naon nu diomongkeun ku Sétan, ”Jelema mah [teu ngan Ayub hungkul] asal keur ngabelaan nyawa, tara lebar ku banda.” (Ayub 2:4, 5) Jadi, Sétan nganggap urang téh henteu bener-bener nyaah ka Yéhuwa sarta bakal ninggalkeun Anjeunna demi nyalametkeun nyawa urang. Sétan mitnah yén Allah téh teu nyaah ka urang sarta moal ngahargaan upaya urang pikeun nyenangkeun Anjeunna. Jadi lamun urang geus apal kana siasat ieu, urang moal percaya kana kabohonganana.

14. Kumaha tangtangan bisa nyingkabkeun diri urang?

14 Urang bisa nganggap tangtangan téh sabagé kasempetan pikeun mariksa diri sorangan. Basa nyanghareupan tangtangan, Ayub jadi sadar kana kalemahanana sarta bisa ngarobahna. Misalna, Ayub sadar manéhna téh perlu leuwih rendah haté. (Ayub 42:3) Kitu ogé jeung urang. Waktu nyanghareupan tangtangan, urang bisa mariksa diri sorangan. Sadérék Nikolay, * nu dipanjara sanajan boga sababaraha masalah kaséhatan nu sérius, ngomong kieu, ”Di panjara, abdi jadi sadar naon sipat-sipat abdi nu kudu ditingkatkeun.” Lamun urang sadar kana kalemahan urang, urang téh bisa ngarobahna.

15. Urang kudu percaya ka saha, jeung ku naon?

15 Urang kudu percaya ka Yéhuwa, lain ka musuh-musuh urang. Ayub bener-bener merhatikeun waktu Yéhuwa ngomong ka manéhna. Saolah-olah Allah téh ngomong kieu ka Ayub, ’Manéh ningali teu ciciptaan Kuring nu hébat? Kuring téh apal naon nu kaalaman ku manéh. Ceuk manéh, Kuring teu bisa kitu nulungan manéh?’ Ayub sadar kana hal éta sarta bener-bener ngahargaan kahadéan Yéhuwa. Manéhna ngomong, ”Kapungkur terang ka Gusti teh mung tina carios batur nanging ayeuna mah terang ku ningal sorangan.” (Ayub 42:5) Basa ngomong kitu, Ayub téh masih kénéh diuk dina taneuh, awakna pinuh ku kusta, sarta masih sedih lantaran anak-anakna maot. Najan kitu, Yéhuwa ngayakinkeun Ayub yén Anjeunna nyaah sarta resep ka manéhna.​—Ayub 42:7, 8.

16. Nurutkeun Yesaya 49:15, 16, naon nu kudu diinget waktu urang nyanghareupan tangtangan?

16 Kiwari gé aya jalma-jalma nu ngahina jeung ngarendahkeun urang. Maranéhna hayang ngagogoréng urang atawa organisasi Yéhuwa. (Mat. 5:11) Tina kisah Ayub, urang diajar, Yéhuwa téh percaya yén urang bakal tetep satia ka Anjeunna sanajan nyanghareupan loba tangtangan. Yéhuwa nyaah jeung moal ninggalkeun jalma-jalma nu miharep ka Anjeunna. (Baca Yesaya 49:15, 16.) Ulah ngadéngékeun pitnah ti musuh-musuh Allah. Sadérék James jeung kulawargana ti Turki pernah nyanghareupan sababaraha tangtangan. Ceuk manéhna, ”Urang sadar, urang téh bakal leutik haté lamun ngadéngékeun kabohongan ngeunaan umat Allah. Jadi, urang mah terus mikirkeun harepan ngeunaan Pamaréntahan Allah jeung terus sibuk ngawula Yéhuwa. Ku kituna, urang bisa tetep bungah.” Sarua siga Ayub, urang gé kudu ngadéngékeun Yéhuwa. Ulah nepi kabohongan ti musuh-musuh Allah téh ngancurkeun harepan urang.

HAREPAN BISA NGABANTU SADÉRÉK TETEP SATIA

Ayub diberkahan lantaran terus satia. Manéhna jeung pamajikanana hirup bagja jeung puas (Tingali paragrap 17) *

17. Tina Ibrani pasal 11, urang bisa diajar naon ti hamba-hamba Allah nu satia?

17 Ayub téh salah sahiji conto hamba Yéhuwa nu terus wani sarta tabah nyanghareupan loba tangtangan. Dina suratna ka urang Ibrani, Rasul Paulus nyaruakeun hamba-hamba Allah téh saperti ”saksi nu siga awan”. (Ibr. 12:1) Maranéhna kabéh nyanghareupan loba tangtangan, tapi maranéhna terus satia ka Yéhuwa sapanjang hirupna. (Ibr. 11:36-40) Naha enya kasatiaan maranéhna téh euweuh gunana? Tangtu henteu kitu! Mémang salila maranéhna hirup, maranéhna téh teu pernah ningali ngawujudna jangji Allah, tapi maranéhna terus miharep ka Yéhuwa. Salian ti éta, lantaran percaya yén maranéhna dipikaresep ku Yéhuwa, maranéhna yakin, engké pasti bisa ningali ngawujudna jangji Allah. (Ibr. 11:4, 5) Tuladan ti maranéhna téh tangtu nguatkeun urang sarta ngabantu urang pikeun terus miharep ka Yéhuwa.

18. Naon tékad Sadérék? (Ibrani 11:6)

18 Ayeuna urang hirup di dunya nu beuki lila beuki jahat. (2 Tim. 3:13) Geus kitu, Sétan masih bakal terus nguji umat Allah. Tapi teu sual tangtangan naon nu bakal disanghareupan, mugia urang terus satia ka Yéhuwa jeung yakin yén ”urang boga harepan ka Allah nu hirup”. (1 Tim. 4:10) Sing inget kana berkah nu dibéré ku Yéhuwa ka Ayub. Éta ngabuktikeun yén ”Yéhuwa téh nyaahan pisan jeung welas asih”. (Yak. 5:11) Mugia urang gé terus satia ka Yéhuwa jeung yakin yén Anjeunna bakal méré berkah ”ka saha waé nu bener-bener néangan Anjeunna”.​—Baca Ibrani 11:6.

KAWIH 150 Andelkeun Allah Sangkan Salamet

^ Waktu mikirkeun ngeunaan jalma nu tabah, urang pasti sering inget ka Ayub. Urang bisa diajar naon ti lalaki nu satia ieu? Urang diajar yén Sétan teu bisa maksa urang pikeun ninggalkeun Yéhuwa. Urang gé diajar yén Yéhuwa nyaho kana sagala kaayaan urang. Yéhuwa téh geus nyingkirkeun kabéh masalah Ayub, jadi urang bisa yakin yén Yéhuwa gé bakal nyingkirkeun masalah urang. Lamun tindakan urang nyirikeun yén urang téh yakin kana hal-hal ieu, urang kaasup ka jalma-jalma nu bener-bener ”boga harepan ka Allah”.

^ Sababaraha ngaran geus diganti.

^ KATERANGAN GAMBAR: Ayub jeung pamajikanana kaleungitan barudakna.

^ KATERANGAN GAMBAR: Ayub tabah nyanghareupan cocoba. Ayub jeung pamajikanana keur mikirkeun berkah nu geus dibéré ku Yéhuwa.