Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Kumaha Lamun Abdi Hayang Bunuh Diri?

Kumaha Lamun Abdi Hayang Bunuh Diri?

 ”Sababaraha taun kamari, abdi ngarasa strés pisan. Asana téh abdi kudu bajoang mareuman seuneu nu ngagedur unggal poéna. Abdi geus bosen sangsara terus. Jadi, basa éta abdi kapikiran rék bunuh diri. Tapi sabenerna mah, abdi embung paéh.”​—Jonathan, 17 taun.

 Aya hiji survéi nu dilakukeun ka 11.000 barudak SMP jeung SMA. Hasilna, dina 12 bulan ka tukang, 1 ti 20 barudak téh pernah kapikiran rék bunuh diri. a Lamun anjeun kapikiran rék bunuh diri, naon nu bisa dilakukeun ku anjeun?

  •   Tahan heula. Ulah langsung nuturkeun kahayang éta. Sanajan anjeun geus teu tahan deui nyanghareupan masalah, masih aya kénéh nu bisa dicoba ku anjeun keur nyanghareupan masalah éta.

 Anjeun meureun ngarasa, masalah anjeun téh euweuh jalan kaluarna. Tapi, bisa jadi éta ngan parasaan anjeun hungkul. Masalah anjeun téh pasti aya jalan kaluarna. Lamun anjeun narima bantuan, meureun anjeun bakal meunangkeun jalan kaluarna.

  •  Prinsip Kitab Suci: ”Urang-urang digencét ti sagala arah, tapi teu kasedek nepi ka teu bisa usik. Urang-urang bingung teu nyaho kudu kumaha, tapi aya waé jalan kaluarna.”​—2 Korintus 4:8.

     Saran: Lamun pikiran pikeun bunuh diri téh teu leungit-leungit, geura téangan bantuan, misalna telepon ka layanan pencegahan bunuh diri atawa indit ka rumah sakit. Jalma-jalma di ditu téh geus dilatih pikeun méré bantuan. Maranéhna bener-bener hayang mantuan anjeun.

  •   Pék carita ka jalma nu bisa dipercaya. Aya jalma-jalma nu nyaah jeung hayang mantuan anjeun, misalna babaturan jeung kulawarga. Tapi, meureun maranéhna teu nyaho yén anjeun boga masalah, jadi anjeun kudu nyarita ka maranéhna.

 Aya nu butuh kacamata supaya ningalina leuwih cékas. Kitu ogé, meureun anjeun butuh babaturan supaya bisa leuwih saimbang waktu nyanghareupan masalah sarta boga sumanget hirup deui.

  •  Prinsip Kitab Suci: ”Sobat salawasna sok . . . silih tulungan dina kasusah.”​—Siloka 17:17.

     Saran: Meureun anjeun bingung kudu ngomong naon. Pék cobaan ngomong kieu, ”Ahir-ahir ieu, pikiran urang téh négatif waé. Bisa teu urang nyarita ka manéh?” Atawa, meureun anjeun bisa ngomong, ”Urang téh boga masalah nu beurat. Teuing kudu kumaha. Bisa teu manéh mantuan urang?”

  •   Téangan bantuan ti para dokter. Masalah kaséhatan, siga strés nu parah atawa déprési, bisa nyababkeun saurang jalma teu sumanget hirup deui. Tapi untungna, masalah kaséhatan siga kitu téh bisa dicageurkeun.

 Waktu urang keur pilek, bisa waé urang jadi teu hayang dahar nanaon. Kitu ogé, waktu urang déprési, meureun urang jadi teu hayang hirup deui. Tapi siga pilek, déprési téh bisa dicageurkeun.

  •  Prinsip Kitab Suci: ”Nu butuh dokter mah lain jalma séhat, tapi jalma gering.”​—Matius 9:12.

     Saran: Anjeun perlu cukup saré, rutin olahraga, jeung milih dahareun nu séhat. Mun anjeun séhat, anjeun bakal leuwih bagja.

  •   Ngadoa. Ceuk Kitab Suci, Allah Nu Nyipta téh ”leuwih punjul tibatan haté urang jeung nyaho sagalana”. (1 Yahya 3:20) Jadi poé ieu, pék ngadoa jeung sebutkeun nami Allah, nyaéta Yéhuwa. Budalkeun eusi haté anjeun.

 Aya sababaraha masalah nu beurat teuing mun ditanggung ku anjeun sorangan. Tapi Yéhuwa, Allah Nu Nyipta téh, hayang nulungan anjeun.

  •  Prinsip Kitab Suci: ”Pék pénta bantuan Allah . . . ku kituna katengtreman ti Allah, nu teu kahontal ku akal manusa, bakal ngajaga haté jeung pikiran aranjeun.”​—Filipi 4:6, 7.

     Saran: Salian ti nyaritakeun masalah anjeun ka Yéhuwa, pék pikirkeun sahenteuna hiji berkah ti Anjeunna poé ieu. (Kolose 3:15) Lamun anjeun sering ngucap sukur, pikiran anjeun bakal jadi leuwih positif.

 Lamun anjeun ngarasa geus teu boga sumanget hirup deui, pénta bantuan. Éta nu dilakukeun ku Jonathan nu disebutkeun dina awal artikel. Ceuk manéhna, ”Abdi jadi leuwih sering nyarita ka kolot sarta ménta bantuan ka para dokter. Nya mémang sih, masalah mah pasti aya waé, tapi ayeuna mah jauh leuwih mending. Abdi gé geus teu kapikiran rék bunuh diri deui.”

a Survéi ieu téh diayakeun dina taun 2015 ku Kementerian Kesehatan Republik Indonesia jeung Organisasi Kesehatan Dunia.