Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Kumaha Supaya Tetep Sumanget Waktu Diajar di Imah?

Kumaha Supaya Tetep Sumanget Waktu Diajar di Imah?

 Ayeuna, loba barudak téh diajar di imahna sorangan. Lamun anjeun gé sarua, kumaha carana supaya ”sakolana” tetep sumanget? Tingali saran-saran di handap ieu. a

 Lima saran supaya tetep sumanget diajar di imah

  •   Jieun jadwal. Anggap wé siga urang keur aya di sakola. Tangtukeun iraha rék ngagawékeun tugas sakola, pagawéan di imah, jeung urusan penting séjénna. Mun perlu, anjeun gé bisa ngarobah jadwalna.

     Prinsip Kitab Suci: ”Sagala rupa oge . . . kudu tartib.”—1 Korinta 14:40, Sunda Formal [SF].

     ”Anggap wé urang keur aya di sakola. Aya tugas-tugas nu kudu bérés dina waktuna.”—Katie.

     Pikirkeun: Ceuk anjeun aya gunana teu mun urang nyieun jadwal, tuluy ditémpél di tempat nu gampang katingali?

  •   Sing disiplin. Sanajan sakapeung urang sok horéam, tapi urang kudu tetep ngagawékeun tugas urang. Ulah ngaengké-engké pagawéan. Mun disiplin, éta bisa ngabantu anjeun jadi jalma déwasa nu tanggung jawab.

     Prinsip Kitab Suci: ”Kudu getol kana gawe, ulah [ngaengké-engké].”—Rum 12:11.

     ”Mémang nu panghéséna téh jadi jalma nu disiplin. Urang sok néang-néang alesan siga, ’Ah, engké deui wé ngagawékeun tugas mah.’ Tungtungna teu digawé-gawékeun. Kitu wé terus nepi ka tugasna numpuk.”—Alexandra.

     Pikirkeun: Ceuk anjeun lamun unggal poéna urang ngagawékeun tugas di waktu jeung tempat nu sarua, éta bisa ngabantu urang leuwih disiplin teu?

  •   Siapkeun tempat jang diajar. Siapkeun barang-barang nu dibutuhkeun. Jieun rohanganana sing nyaman, tapi lain keur gogoléran. Anjeun téh boga tugas, jadi ulah nepi ka saré. Lamun teu boga tempat jang diajar, dapur jeung kamar gé bisa dijadikeun tempat diajar.

     Prinsip Kitab Suci: ”Rarancangkeun sing asak, sangkan [loba hasil].”—Siloka 21:5.

     ”Teundeun heula bola baskét, vidéo game, alat musik, jeung pareuman HP anjeun. Urang bisa leuwih konséntrasi lamun euweuh nu ngaganggu.”—Elizabeth.

     Pikirkeun: Di tempat anjeun aya teu nu kudu dirobah supaya diajarna bisa leuwih konséntrasi?

  •   Sing konséntrasi. Waktu keur diajar, ulah bari ngagawékeun urusan séjén. Lamun anjeun ngagawékeun sababaraha hal sakaligus, anjeun jadi leuwih gampang nyieun kasalahan, tuluy ngagawékeunana gé jadi leuwih lila.

     Prinsip Kitab Suci: ”Waktu . . .  kudu digunakeun enya-enya.”—Epesus 5:16, SF.

     ”Mun aya HP, abdi jadi hésé konséntrasi. Kalah ka jadi miceunan waktu teu puguh keur maén HP.”—Olivia.

     Pikirkeun: Ceuk anjeun kumaha carana supaya anjeun bisa leuwih lila konséntrasi dina ngagawékeun hiji tugas?

  •   Istirahat. Anjeun bisa leumpang, naék sapédah, atawa olahraga sakeudeung. Ngalakukeun hobi gé bisa nyumangetan anjeun deui. Buku School Power nyebutkeun, ”Réngsékeun heula tugas urang . . . Istirahat téh karasa leuwih salsé lamun tugas-tugas urang geus bérés.”

     Prinsip Kitab Suci: ”Ari [istirahat] mah matak leuwih bagja ti batan tihothat paciweuh ngajaring angin.”—Pandita 4:6.

     ”Biasana di sakola aya palajaran musik jeung seni. Tapi ayeuna geus euweuh. Asa jadi kaleungitan. Jadi alus ogé lamun urang tetep ngalakukeun hal-hal nu kréatif.”—Taylor.

     Pikirkeun: Ceuk anjeun istirahat siga kumaha nu bisa nyumangetan anjeun deui?

a Bisa jadi pangaturan ti unggal sakola téh béda-béda. Anjeun bisa ngagunakeun saran-saran di dieu nu cocog jeung kaayaan anjeun.