Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Na Séks Oral téh Kaasup Hubungan Séks?

Na Séks Oral téh Kaasup Hubungan Séks?

 Pusat Pengendalian dan Pencegahan Penyakit di Amerika Serikat ngalaporkeun yén satengah ti barudak ngora nu diwawancara, nu umurna 15 nepi ka 19 taun téh, pernah ngalakukeun séks oral. a Sharlene Azam, nu nulis buku Oral Sex Is the New Goodnight Kiss, ngomong kieu, ”Mun urang ngobrol jeung barudak rumaja [ngeunaan séks oral], maranéhna ngarasa éta téh lain masalah. Malah, ceuk maranéhna éta téh teu kaasup hubungan séks.”

 Kumaha ceuk anjeun?

 Pék jawab pananya-pananya ieu.

  1.   Awéwé nu ngalakukeun séks oral téh bisa ngandung teu?

    1.   Bisa

    2.   Henteu

  2.   Séks oral téh bahaya teu?

    1.   Enya

    2.   Henteu

  3.   Séks oral téh kaasup hubungan séks lain?

    1.   Enya

    2.   Lain

 Kumaha sabenerna?

 Pék bandingkeun jawaban anjeun jeung jawaban nu aya di handap ieu.

  1.   Awéwé nu ngalakukeun séks oral téh bisa ngandung teu?

     Jawaban: Henteu. Ieu salah sahiji alesanana ku naon loba jalma nganggap séks oral téh teu bahaya.

  2.   Séks oral téh bahaya teu?

     Jawaban: Enya. Jalma nu ngalakukeun séks oral bisa waé keuna panyakit hepatitis (A atawa B), bénjolan dina alat kelamin, gonore (kencing nanah), herpes, HIV, jeung sifilis.

  3.   Séks oral téh kaasup hubungan séks lain?

     Jawaban: Enya. Kabéh kagiatan ngarangsang alat kelamin batur, kaasup séks oral jeung anal séks, téh mangrupakeun hubungan séks.

 Kumaha pandangan Allah ngeunaan séks oral?

 Perhatikeun sababaraha ayat dina Alkitab nu aya hubunganana jeung séks oral.

 Ceuk Alkitab, ”Kahayang Allah téh aranjeun . . . ngajauhan lampah cabul.”​—1 Tésalonika 4:​3.

 Dina basa aslina, kecap nu ditarjamahkeun jadi ”lampah cabul” téh ngamaksudkeun sagala tindakan pikeun ngarangsang alat kelamin batur. Ieu téh kaasup séks oral jeung anal séks. Mun saurang jalma ngalakukeun lampah cabul jiga kitu, sosobatan manéhna jeung Allah bisa ruksak. Manéhna gé bisa meunang masalah-masalah séjénna.​—1 Pétrus 3:12.

 Ceuk Alkitab, ”Jalma nu ngalakukeun lampah cabul mah nyieun dosa ka awakna sorangan.”​—1 Korintus 6:18.

 Séks oral téh bisa bahaya keur kaséhatan sarta bisa ngaruksak sosobatan urang jeung Allah. Jalma nu ngalakukeun séks oral gé bisa kasiksa sacara batin. Buku Talking Sex With Your Kids nyebutkeun yén jalma nu ngalakukeun hubungan séks di luar nikah, teu sual séks jiga kumaha nu dilakukeunana, bisa ngarasa kaduhung atawa ngarasa dimangpaatkeun ku pasanganana.

 Ceuk Alkitab, ”Kami teh PANGERAN [Yéhuwa] Allah maraneh, anu ngawurukan ka maraneh keur kapentingan maraneh keneh.”​—Yesaya 48:​17.

 Ceuk anjeun, hukum Allah ngeunaan séks téh aya mangpaatna teu? Atawa, anjeun ngarasa éta téh kalah ka ngabeungbeurat? Pék pikirkeun ibarat ieu: Di jalan, biasana aya rambu-rambu lalu lintas, saperti batas kecepatan atawa lampu stopan. Ceuk anjeun, rambu-rambu éta aya mangpaatna teu? Naon balukarna lamun jalma-jalma teu taat kana rambu-rambu éta?

Hukum Allah téh siga rambu-rambu lalu lintas. Urang mémang jadi teu bisa bébas teuing, tapi éta ngalindungan urang.

 Patokan hirup ti Allah gé sarua jiga kitu. Lamun teu dituturkeun, anjeun bakal ngarasakeun balukarna. (Galatia 6:7) Ceuk buku Sex Smart, ”Lamun urang ngabaékeun kapercayaan sarta ngahaja ngalakukeun hal-hal nu goréng, lila-lila urang bakal ngarasa teu boga harga diri.” Tapi lamun anjeun nuturkeun patokan hirup ti Allah, anjeun nunjukkeun yén anjeun téh jelema bener. Salian ti éta, haté sanubari anjeun moal kaganggu.​—1 Pétrus 3:16.

a Séks oral téh ngamaksudkeun tindakan ngarangsang alat kelamin saurang jalma maké létah atawa biwir.