Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Kumaha Supaya Urang Bisa Akur jeung Guru?

Kumaha Supaya Urang Bisa Akur jeung Guru?

 Guru nu galak

 Di mana-mana, ampir kabéh murid boga guru nu katingalina teu adil, sok nungtut, atawa pikasebeleun.

  •   Luis nu umurna 21, nyarita, ”Omongan jeung sikep guru urang téh sok kasar, manéhna kitu téh da sakeudeung deui rék pangsiun. Jadi manéhna mikir teu nanaon kasar ka murid gé, da moal dipecat.”

  •   Basa masih sakola kénéh, Melanie nu umurna 25 taun boga guru nu teu adil ka manéhna. Guruna téh bageur ka batur, tapi galak ka Melanie lantaran agamana Melanie téh béda ti batur. Ceunah mah, guruna kitu téh lantaran hayang Melanie jadi biasa lamun engké aya nu jahat ka manéhna.

 Mun di sakola anjeun aya guru nu pikasebeuleun jiga kitu, aya saran-saran nu bisa anjeun tuturkeun. Hayu urang tingali saran-saran éta.

 Cara nyanghareupanana

  •   Nyaluyukeun diri. Naon nu dipikahayang guru ti muridna téh béda-béda. Jadi, anjeun perlu paham kahayang guru anjeun jeung sabisa-bisana nuturkeunana.

     Prinsip Kitab Suci: ”Malah nambahan kaweruh nu geus laluhung, ngawuwuh pangarti ka nu geus laloba elmu.”​—Siloka 1:5.

     ”Urang sadar kudu nyaluyukeun diri jeung kahayang guru. Jadi urang sabisa-bisa méréskeun tugas siga kahayang guru. Hasilna, urang leuwih akur jeung guru.”​—Christopher.

  •   Sing hormat ka guru. Omongan anjeun ka guru téh kudu sopan, ulah ngalawan sanajan manéhna téh pikasebeuleun. Sing inget, dina pandangan guru, anjeun téh muridna lain babaturanana.

     Prinsip Kitab Suci: ”Kekecapan aranjeun kudu merenah, diuyahan, supaya aranjeun nyaho carana ngajawab unggal jalma.”​—Kolose 4:6.

     ”Sakapeung guru téh sok teu dihargaan ku murid-muridna. Jadi lamun anjeun leuwih ngahargaan guru anjeun, bisa jadi sikep manéhna ka anjeun bakal barobah.”​—Ciara.

  •   Sing ngarti parasaan guru. Guru gé manusa. Maranéhna bisa hariwang jeung strés. Jadi urang ulah buru-buru mikir, ’Guru urang mah galak’, atawa ’Guru urang mah geuleuh ka urang’.

     Prinsip Kitab Suci: ”Urang kabéh téh sering nyieun salah.”​—Yakobus 3:2.

     ”Jadi guru téh teu gampang. Maranéhna kudu ngajar jeung ngadidik barudak supaya boga ahlak nu hadé. Jadi, urang hayang nurut ka guru supaya teu ngalilieur manéhna.”​—Alexis.

  •   Nyarita ka kolot anjeun. Kolot hayang pisan supaya anjeun suksés di sakola. Naséhat-naséhat kolot téh bisa ngabantu anjeun nyanghareupan guru nu pikasebeleun.

     Prinsip Kitab Suci: ”Kudu getol tatanya heula, tangtu hasil nya maksud. Mun teu kitu bororaah.”​—Siloka 15:22.

     ”Kolot boga leuwih loba pangalaman dina nyanghareupan masalah tibatan budak ngora. Jadi mun anjeun nuturkeun naséhat kolot, anjeun bakal suksés.”​—Olivia.

 Carana nyarita ka guru anjeun

 Meureun anjeun perlu méré nyaho parasaan anjeun ka guru éta. Bisa jadi anjeun mimitina sieun. Tapi sing inget, anjeun téh lain hayang néangan saha nu bener saha nu salah. Anjeun hayang ngobrolkeun masalahna. Jadi mun anjeun ngalakukeunana, bisa jadi hasilna téh alus.

 Prinsip Kitab Suci: ”Lakukeun naon waé nu bisa ngahasilkeun karukunan.”​—Roma 14:19.

 ”Mun anjeun ngarasa guru éta téh ngan keuheul ka anjeun hungkul, tanyakeun na anjeun pernah nyieun salah ka manéhna. Tina jawabanana, anjeun jadi apal kudu kumaha.”​—Juliana.

 ”Mun anjeun hayang ngabéréskeun masalahna, cara nu panghadéna téh nyaéta ngobrol langsung jeung guruna saacan atawa sanggeus diajar. Pas ngobrol jeung manéhna anjeun kudu tetep tenang. Sugan wéh mun kitu, guru anjeun bakal leuwih ngarti jeung ngahargaan upaya anjeun pikeun ngabéréskeun masalahna.”​—Benjamin.

 KISAH NYATA

 ”Peunteun abdi téh goréng pisan, guru abdi gé teu ngabantu-bantu acan. Abdi jadi hayang kaluar sakola lantaran teu betah.

 ”Terus abdi ménta naséhat ti guru séjén. Ceuk manéhna, ’Bu guru éta téh teu kenal ka manéh, manéh gé teu kenal ka bu guru éta. Jadi manéh kudu nyaritakeun masalahna. Mun kitu, manéh téh ngabantuan murid sejen nu sieun nyarita ogé ka guru éta.’

 ”Puguh urang téh embung ngajak ngomong bu guru éta! Tapi sanggeus dipikir-pikir deui, saran pak guru éta bener ogé. Lamun abdi hayang kaayaanana téh barobah, abdi kudu wani ngomong.

 ”Jadi isukanana, abdi nyampeurkeun bu guru éta. Abdi ngomong yén abdi ngahargaan pisan pangajaranana di kelas jeung abdi hayang meunang mangpaat saloba-lobana. Tapi abdi sok teu ngarti jeung teu apal kudu kumaha. Ari pék téh bu guru éta méré abdi saran, malah mah manéhna nawarkeun rek nulungan abdi sanggeus kelas atawa liwat e-mail.

 ”Abdi reuwas pisan! Geuningan sanggeus ngobrol, hubungan abdi jeung bu guru téh jadi leuwih hadé. Hasilna, abdi ogé jadi leuwih resep sakola.”​—Maria.

 Saran: Mun anjeun boga masalah jeung guru, anggap éta téh palatihan supaya anjeun jadi leuwih déwasa. Katie nu umurna 22 taun ngomong, ”Sanggeus lulus, bisa jadi anjeun panggih jeung jalma-jalma nu boga jabatan nu sikepna pikasebeuleun. Mun anjeun bisa ngabéréskeun masalah jeung guru nu pikasebeuleun, anjeun jadi leuwih siap mun engkéna panggih jeung jalma séjénna nu pikasebeuleun.”