Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Ku Naon Abdi Kudu Mantuan Batur?

Ku Naon Abdi Kudu Mantuan Batur?

 Dua rasiah nu teu dipikanyaho ku loba jalma

 Rasiah #1: Lamun méré, bisa jadi anjeun ogé bakal dibéré!

 Jalma-jalma bakal merhatikeun yén anjeun téh béréhan. Bisa jadi maranéhna gé bakal béréhan ka anjeun. Ceuk Alkitab:

  •  ”Kudu daek barang bere, supaya aya nu mere; . . . Batur ngabalesna ka urang teh make ukuran urang, anu ku urang dikeunakeun ka batur, dina sagala hal.”—Lukas 6:38, Sunda Formal.

  •  ”Sakumaha sikep anjeun ka batur, sikep batur ogé bakal kitu ka anjeun.”—Lukas 6:38, Contemporary English Version.

 Rasiah #2: Waktu mantuan batur, anjeun téh keur mantuan diri sorangan!

 Lamun migawé kahadéan ka batur, anjeun bakal leuwih ngahargaan diri sorangan jeung ngarasa puas lantaran barang béré. Ceuk Alkitab:

  •  ”Leuwih bagja mere ti batan nampa.”—Rasul 20:35.

  •  ”Ari pesta, nu kudu diarondang teh jelema-jelema anu mariskin, anu caracad, anu lalumpuh, anu lalolong; geus tangtu eta kahadean anjeun teh jadi berkah ka anjeun, da nu karitu mah pimanaeun bisa ngabales kahadean anjeun.”—Lukas 14:13, 14.

 Barudak ngora nu sok mantuan batur

 Aya loba budak ngora nu sok mantuan batur! Perhatikeun sababaraha conto ieu.

 ”Sakapeung waktu hayang ngaso bari nongton TV, abdi kapikiran si mamah jeung si bapa nu keur digawé, engké pas balik téh pasti capéeun. Jadi abdi cengkat, tuluy ngumbah piring jeung bebersih. Abdi ogé nyieun kopi, lantaran kolot abdi resep ngopi. Waktu si mamah balik ka imah, manéhna ngomong, ’Wah mani bersih! Seungit deui. Hatur nuhun, Geulis!’ Unggal abdi nyieun kahadéan keur kolot, abdi ngarasa bagja.”​—Casey.

 ”Kolot abdi terus ngadukung jeung nyumponan sagala pangabutuh abdi. Jadi waktu taun kamari mobil maranéhna ruksak parah, abdi nyumbang duit sanajan tabungan abdi jadi ngan saeutik. Mimitina maranéhna téh nolak, tapi abdi keukeuh hayang méré. Kolot abdi layak narima leuwih ti éta. Abdi senang jadi jalma nu béréhan jeung bisa mantuan maranéhna.”​—Holly.

 Naha anjeun apal? Loba budak ngora Saksi-Saksi Yéhuwa ngarasa bungah mantuan batur diajar Alkitab. Sababaraha malah pindah ka nagri séjén nu leuwih ngabutuhkeun jalma-jalma nu bisa ngajarkeun Alkitab.

 ”Abdi pindah ti Amerika Serikat ka Meksiko pikeun ngajarkeun Alkitab. Sakapeung hésé pikeun méré duit atawa barang, ku sabab abdi gé teu boga loba. Tapi, ku méré tanaga jeung waktu dina palayanan, éta leuwih dihargaan ti batan ngan méré barang.”​—Evan.

 Kumaha abdi bisa mantuan batur?

 Naha anjeun hayang ngarasakeun kabungahna mantuan batur? Ieu sababaraha carana.

 Pikeun mantuan kulawarga:

  •  Teu kudu dititah heula pikeun bebersih imah, bebersih kamar, jeung ngumbah piring

  •  Masak

  •  Nulis kartu pikeun ngahaturkeun nuhun ka kolot

  •  antuan adi atawa lanceuk dina ngagawékeun tugas sakola

 Pikeun mantuan batur:

  •  Ngirim kartu ka batur nu keur gering

  •  Mersihan térasna tatangga nu geus kolot

  •  Ngalongok batur nu teu bisa kaluar imah lantaran gering atawa geus rémpo

  •  Méré hadiah ka batur nu keur ngalaman kasusah

 Saran: Pikirkeun cara-cara séjénna pikeun mantuan batur. Terus, tetepkeun tujuan pikeun mantuan hiji jalma dina minggu ieu. Anjeun moal kabayang kumaha bungahna!

 ”Lamun mantuan batur, tungtungna urang ngarasa bagja. Urang bakal resep lantaran ngagawékeun hiji hal nu mangpaat jeung ningali batur ngahargaan upaya urang. Urang bakal bungah mantuan batur sanajan mimitina mah asa horéam. Malah urang moal ngarasa geus nyieun pangorbanan, lantaran urang narima loba berkah.”​—Alana.